-

Thursday, May 29, 2008

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur
Jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna
Bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas
Reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari
Heberna tarik nyuruwuk


Saha anu bisa nyusul
Kana Tandangna
Gandang jeung pertengtang
Taya bandinganana
Dipikagimil
Dipikaserab kusasama
Taya karempan
Kasieun leber wawanena

Manuk dadali
Manuk panggagahna
Perlambang sakti
Indonesia jaya

Manuk dadali
Pangkakoncarana
Resep ngahiji
Rukun Sakabehna

Hirup sauyunan
Tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah
Teu inggis belapati

Manuk dadali
Ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa
Di nagara Indonesia

Cipt: Sambas

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment