-

Thursday, May 26, 2011

Carita Burakna Lalakon Nyi Mas Enok jeung mang Ook

oleh Gandul Gantung Awang

(Pantun buhun teu purun)
Carita Burakna Lalakon Nyi Mas Enok jeung mang Ook
-------------------------------------------------

Pun sapun!
Paralun ! Sapun !
Ka sakur anu candewok!
Nu di Legok nu nyangkewok!

Paralun
Sabab kaula eundeuk nyatur
Nyatur pantun nu teu purun
Haneuleum tunda tukang tinun
Hanjuaneun anu ngalegeday !

Paralun
Matak kaula
Ku sabab
Gagambaran dijieun carita
Tapi disilok
Ku anu sarieun
Dipajarkeun mumuja Cilok
Jeung direka dirarobah
Dijarijieun-jieun
Ka nu belengok .... !
Jeung ku sabab
Kaula nyaho
Engke jaga
Baris datang deui Bebengok
Loba menak loba pangkat
Harayang diaraku deui
Tukang tarok tukang Bobok anderok!
Sorooodddooootttt Gaplok!

Bandungan!
Geura Emok!

Ari katelahna Mang Ook!
Imahna di sisi lembur Tutugan Bengkok!
Kakoncara tukang bobok!
Tukang tarok jeung tukang mukakeun…anderok!
Karesepna oge nyonyoo hayam Bangkok!
Tara kapok-kapok!
Sanajan remen dipacok!
Ceuk pamajikanna oge!
Mang Ook teh jelema koplok!
Teu kaur aya mojang denok!
Mang Ook sok hayang tuluy nyantok!
Ari ngaran pamajikana katelahna teh Nyi Enok!

Urang Kocapkeun
Mang Ook keur aneprok
Ari aneprokna bari ngadahar kurupuk dorokdok
Ari daharna cutrak catrok jiga nu ambeuk jasa!
Huntuna kekerot Awakna noroktok
Ambeuk Mang Ook
Ambeukna rosa jasa
Ari ambeukna
Nya ka pamajikana tea Nyi Enok

Sok…!
Ceuk Mang Ook bari ngamang-ngamang pakarang bengkok
Ari pakarangna titinggal si Carok!
Naon, Kang Ook?
Bi Enok pamajikan mang Ook rada ngahaok
Maneh bieu keur naon jeung Si Ucok?
Bieu iraha, kang Ook?
Bi Enok molohok
Bieu, dina handapeun tangkal jambu bangkok!
Oh, apan dititah ku Kang Ook, neangan bangkong korodok!
Moal enya neangan bangkong korodok!
Mani bari silih pacok bari mojok?
Dasar pamajikan bungaok!
Ku aing digaplok maneh teh, Enok!
Sumpah, Kang Ook!
Kuring mah teu silih pacok!
Jeung si Ucok!
Saksina oge hayam Bangkok!
Hayam anu keur kongkorongok!
Si Ucok mah ukur ticatrok!
Kana tungtung erok!
Laju ku kuring dikerok!
Tapi paralun lamun nepi ka silih pacok!

Ari etah, kunaon baju mani laledok?
Apan ngadiukan tikotok!
Tuluy diberesihan ku taneuh ledok!
Ah maneh mah bisaan ngelok, Enok!
ceuk Mang Ook bari nyokot sendok paranti nembok
Tunda!
Emok!

Laju Mang Ook ngaleok
Bari katara beungeutna mani camohok
Teu lungak-longok
Komo ka nyi Enok
Rek ka mana, borokokok?!
Bi Enok nyorowok
Rek narok Si Ucok…!
tembal Mang Ook bari maledog ku batok!
Ari nu dibaledogna?
Nya kana kenteng suhunan imah!
Imahna Haji Mubarok!
Nu boga pabrik kururpuk dorokdok!
Tunda!
Emok!

Urang caritakeun bae
Mang Ook geus anjog
Angkuhna ka hareupeun imah mang Ucok
Di lembur Cisolok
Bari ngamang-ngamang sendok tembok
Mang Ook hahaok
Siga anu keur mabok
Awakna mani noroktok
Meh bae huntuna oge morolok
Ka luar sia teh, Ucok…!
Mang Ook beuki ngahaok
Tapi Mang Ucok tacan kaperegok
Teuing ngokok kumeok memeh dipacok
Sabab Mang Ucok geus kapok
Lamun kudu pahaok-haok jeung Mang Ook.

Eh, Kang Ook!
Tos lami keketrok kana panto rorompok?
Bi Ni’ok, pamajikan mang Ucok
Geus ngajanteng hareupeun Mang Ook
Atuh sakedapan mah Mang Ook
Kalah molohok bari gagaro kana sirahna anu borok
Euh, nyi Ni’ok…Ok..eeeuuuuh…Ok…!
Mang Ook nyaritana semu anu kararagok.
Panonna meh-mehan molotok
Neuteup awak bi Ni’ok anu montok
Mangkaning Bi Ni’ok ukur mamake baju jeung calana anu kacida pondok
Kunaon Kang Ook?
Mangga lebet ka rorompok!
Kaleresan aya kopi ledok buatan Newyork!
ceuk bi Ni’ok.

Teu talangke deui Mang Ook asup ka jero
Bari angger molohok
Neuteup awak bi Ni’ok anu katingalina beuki montok
Tur matak nyolok
Leungeunna mani geus teu kuateun
Hayang kudak-kodok
Ari Mang Ucok…!
Teu kebat Mang Ook nyaritana
Kaburu dipotong ku bi Ni’ok
Nuju mondok!
pokna Ni’ok bari ngasongkeun cikopi anu cenah mah buatan Newyork
Malah teu lila Bi Ni’ok oge mamawa mangkok
Naon eta anu dina mangkok, Nyi Ni’ok ? tanya Mang Ook.
Apan ieu teh kueh pamahanan ti Ceu Enok!
Istrina Kang Ook!
Kamari nu nganteurkeunna oge si Itok!
Cenah, Ceu Enok sukuran pedah boga orok!
Leres eta teh, kang Ook?”
Enya, tapi orokna oge beunang nyieun si Enok jeung Mang Ucok!
Inyana salaki nyi Ni’ok!
Nu leres Kang Ook?
Bi Ni’ok rada ngahaok meh-mehan ticatrok.
Sumpah, sing wani aya anu maok!
Sabab Si Enok mah baheulana!
Bobogohan jeung Mang Ucok!
Ku aing dicabok si Ucok teh, kang Ook !
Bi Ni’ok beuki hahaok.
Malah bari ngaleos ninggalkeun Mang Ook anu molohok
Rek ka mana nyi Ni’ok? mang Ook ngajorowok.
Rek ngontrog Si Borokokok Ucok ka imahna Si Enok…!
Tunda!
Emok!

Kacaturkeun di imahna Bi Enok
Saditinggalkeunna ku mang Ook
Teu pati lila datang mang Ucok
Memang ti saanggalna oge Mang Ucok geus ngintip tina juru tembok
Atuh basa Mang Ook ngoloyod teh, langsung bae Mang Ucok keketrok
Geus indit Si Ook teh, Nok? tanya Mang Ucok.
Cocok, kang Ucok!
Si Ook keur ngontrog ka imah Kang Ucok!
Untung Kang Ucok aya di rorompok Enok!
Paling oge aya bi Ni’ok!
Tapi ketang, apan bi Ni’ok teh kakara boga orok?
Enya, keun bae lah, Nok!
Orokna oge hasil bobogohan Si Ni’ok jeung Si Ook!
Mending ayeuna mah wang mojok!
Nu leres, Kang Ucok?
Sing wani disantok ku Enok mbung ku Entok!
Hayu, ah wang mojok!
Akang teu kuat hayang dikerok ku Enok…!
Dasar Borokokok Ook!
Ku aing ayeuna diontrog ka gogobrogna Si Ni’ok …!
Ceuk Bi Enok bari nyokot bedog pamere ti Aki Asok
Gidig muru ka imahna Bi Ni’ok
Ari Mang Ucok ukur molohok
Bari panonna molotot kana enggon paragi mondok
Manehna jeung Bi Enok


Laju Urang Kocapkeun
Di lembur Ciendog
Di tengah jalan nu legok
Nyi Enok jeung nyi Ni’ok paamprok
Arinyana rek der perang
Perangna rosa jasa
Arinyana silih hahaok
Borobot Bareok borobot gubrag!
Saling Takol Saling cabok
Saling sered, saling gegel Saling kadek, saling nyekek
Sa;ing rawel nu dibunian !
Perang, perang !
Perang sakuriling bungking !
Ceuk Nyi Enok :
Wani?
Ceuk Nyi Ni’ok :
Keneh!
Derrr perang deui!
Ngan perangna henteu lila
Arinyana laju araneprok
Nyi Enok jeung Nyi Ni’ok silih bekok
Ari Bekokna
Bekok lebah bujur bujur nu darempok
Dararempok ?
Eta mah aya sabab na
Sabab loba gawe bari cingongo
Ngored bari cingongo
Ngarejo bari cingongo
Karihna bari cingongo

Teu lila ti harita
Kang Ook jeung Mang Ucok
Datang Ngalongok
Ari duanana kalahka keprok
Ningali Nyi Enok jeung nyi Ni’ok aneprok
Bangun nu candewok
Bari nambulan Tikotok

Pun sapun!

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment