-

Wednesday, June 08, 2011

Si Kabayan jeung OPEN

Beda Turunan (Rundayan)

Si Ujang budak keur meujeuhna cerewed, sagala ditanyakeun. Hiji mangsa manehna nanya ka indungna: "Mah, ari asalna manusa timana?"

Ceuk Indungna teh:" Gusti nyiptakeun manusa munggaran Adam sareng Hawa, geus kitu anak baranahan tepi weh ka urang"

Dua poe saentasna si ujang nanya deui ka Bapana, ceuk bapana teh: "Baheula jutaan taun katukang aya sabangsa monyet evolusi jadi manusa!"

Si Ujang jadi bingung da beda jawabanana, tatanya deui ka indungna, indungna ngajawab: "Ah eta mah gampang, nu kamari dicaritakeun ku Mamah teh ti rundayan pihak Mamah, ari nu didongengkeun ku Bapa mah, eta mah rundayan ti pihak Bapa!


Alamat Hayam

Udin gawe di ternak hayam pak Haji.
Pak Haji : Din, anteurkeun hayam pesenan mang Juned 50 hiji. ieu alamatna ( bari mere kartu nama)
Udin : Siap pak Haji, eta hayam ku Udin dibengkeut dina motor, kenca 25 hiji, katuhu 25 hiji.
di jalan Udin labuh, hayam kalabur. Tapi Udin kalah seseurian, warga nu ningali aneh
Warga : Din, teunanaon? naha make seseurian?
Udin : eta hayam rek kalabur kamana, pan alamatna aya ti abdi
Warga : @@@@@


Si Kabayan jeung OPEN
Si Kabayan ulin ka kota, manehna ninggali panto bank aya tulisan OPEN.
Ceuk pikirna, "Naha jalma nyieun open gede-gede teuing...???, sagede kumaha nyieun boluna...???"

Teu lila jol aya urang bule rek asup ka BANK, atuh Si Kabayan nyarekan si bule beak karep,
"Ulah asup kana OPEN..., panas nyaho...!!!"

Si bule olohok bari asup ka jero BANK. Teu lila kaluar urang Negro...!!!

"Tuh ... pan, ceuk aing oge tong asup kana OPEN, jadi weh tutung."

www.kasundaan.org

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment