-

Wednesday, July 27, 2011

Antara Gunung Tua Jeung Cimalaka

Keur meujeuhna sono bogoh hirup rumah tangga téh.  Ninggang kana paribasa runtut- raut sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan. Barudak keur meujeuhna lalucu, kitu deui usaha nu jadi salaki, keur aya dina kamajuan. Rumah makan beunang itikurih duaan, ahirna kajojo ka mana-mana. Padamuru pada ngajarugjugan.

Tapi geuning milik mah teu pahiri-hiri, bagja teu paala-ala. Hirup jeung huripna manusa mungguh geus aya nu ngatur. Kitu ogé garis nasib nu tumiba ka diri kuring. Kersaning Gusti,  alatan kasakitna, Kang Yudi tilar dunya, mulih ka jati mulang ka alam kalanggengan, dipundut ku nu kagunganana.  Harita, nu karasa téh bumi alam asa tungkeb, banget ku  baluweng pipikiran, kumaha nya geusan pilampaheun.  Hantem midangdam nyeungceurikan peurihna papastén Hyang Widi, hantem midangdam nyeungceurikan panutan haté nu miheulaan ninggalkeun. Ninggalkeun kuring jeung barudak.

Rék teu kitu kumaha. Keur kuring mah Kang  Yudi téh salaki idéal. Kasabaranana, tanggung jawabna  ngipayahan anak pamajikan, kasaksian ku  diri sorangan.  Ti enol pisan kuring jeung manéhna ngamimitian muka usaha nepi ka  saditinggalkeunana, kuring henteu kudu hirup ripuh. Mantak keur naon rumah tangga deui ogé. Mending hirup nyorangan, nuluykeun ngokolakeun pausahaan titinggal almarhum kalayan soson-soson.

                " Tiasa nyuhunkeun daftar ménu Néng?", sorana  agem ngagareuwahkeun lamunan. Lalaki tengah tuwuh, dangdananana nécis, rapih tur dandy ngajanteng hareupeun. Sikepna, rengkuhna jadi pertanda. Ajegna adeg-adeg kasopanan nyekrup kana  tagog jeung  penampilanana nu perlénté.

                "Oh..mangga Bapa. Haturan, wilujeng sumping", ceuk kuring bari mérékeun daftar ménu nu dipéntana. Torojol Rina, pramusaji  nyampeurkeun, mawa catetan keur nyatetkeun  naon baé nu dipesen.

"Badé di palih  mana, Pa?", Rina nanya. Kuring jongjon tungkul mariksaan bon  nu pabalatak  dina méja. Karérét ku juru panon,  manéhna nyampeurkeun deui.

                "Tiasa  di méja  palih lebet?"  Jempolna nuduhkeun ka méja  anu ngajéjér di rohangan béh jero.

                "Yaktos Bapa. Mangga...tiasa milih tempat nu  cocog sareng  kapalay", kuring imut ngahempékeun.

Koloyong man?hna ka jero, muru ka  m?ja nu kaopat. Pangjuruna. Eta  rohangan ngahaja ku kuring dirancang pikabetaheun. Kentel  nuansa romantisna,  ngahaja keur nu mikabutuh kana éta hal. Teu loba méja  anu aya di éta rohangan téh, ukur opat méja. Korsi anu disayagikeun gé ukur opat-opat. Sangeus pesenan sayaga, ku Wawan ditanggeuy, dianteurkeun ka méjana. Ti kajauhan ku kuring katénjo, Wawan milu diuk heula, ngobrol sawatara waktu. Teu lila jol  Wawan ka deukeut méja, nyimpen baki urut nanggeuy dahareun téa.  Ceuk Wawan, éta tamu téh Kepala Unit hiji bank, anu kantorna teu pati jauh ti réstoran kuring. Kabeneran deuih, mun seug éta  bank keur  katatamuan,  atawa  ngayakeun  acara, sarta  dina kagiatan kantor sapopoéna, parakaryawanna kabéh sok dalahar di  dieu, di réstoran kuring. Dina jero haté tuluy ngomong  sorangan, paingan dangdanan tur sikepna  meni hadé kitu, horéng lain jalma joré-joré.

"Meni saé nami réstoran téh  Néng. Anteb pihartoseunana gé. "Hégar Sari". Leres-leres janten tempat anu hégar sareng nyari kanggo niis, pasti  parapelanggan téh ngaraos  baretaheun pami sarumping ka ieu tempat".

"Amin, hatur nuhun Pa!"

                "Mangga diétang, sabarahaeun?", ceuk manéhna bari ngaluarkeun dompét. Sabada diitung, duit téh aya pamulangan kénéh.  Song dibérékeun ka  Wawan anu kabeneran ngaliwat ka hareupeunanana.

                "Hatur nuhun kana kasumpinganana Bapa!", ceuk kuring .

Léos éta  jalma téh ngaléos. Beuheung eueuleugeugan, basa ningal mobil anu dipakéna kaluar ninggalkeun palataran parkir.  Euleuh.......Hardtop heubeul kaluaran taun `83 pulasna kopi tutung, meni gugurilapan, cicirén  hadé ropéa. Body mobil geus meunang ngamodif. Bener-bener gaya tur gagah katingalna. Eta deuih, ku anéh, plat nomer mobilna, D 3103 HS,  bet sarua jeung tanggal lahir tur inisial singgetan ngaran kuring!

*******

                Poé ieu mah, réstoran téh pinuh pisan. Dalapan beus wisata nu rék ngajugjug ka Ciater ngaradon reureuh. Atuh  paciweuh pisan harita téh. Torojol Pa Yusuf  datang bareng jeung dua  baturna. Cenah mah Penilik ti Kantor  Cabang anu deuk ngaroris  ka Kantor Unit  Gunung Tua. Ku lantaran  parapramusaji téh kabéhanana nyanghareupan cekelan  séwang-séwangan, kapaksa  kuring gé singkil, turun tahta, mantuan milu jadi pramusaji. Pa Yusuf sabatur-batur nu disanghareupan téh.

Pesenan geus  ngabarak dina méja. Angger milih tempat nu biasa, méja nomer opat  di  rohangan  béh jero.

                "Mangga  Pa, wilujeng  tuang!", ceuk kuring bari merenahkeun gelas ci entéh haneut keur nginumna.

                "Hatur nuhun, sareng  atuh sakantenan!" .

                "Mangga Bapa, hatur nuhun. Permios!" .

                "Sakedap  Néng. Hapunten kumawantun. Tos  sering abdi neda di dieu, asa teu acan tepang sareng  tuang raka. Nuju kamana?" Pa Yusuf nanya.

Bek! Asa aya anu nonjok kana hulu angen.  Keuna  kana mamaras rasa. Pertanyaan saperti kitu nu pangdipikasieunna lamun kuring panggih jeung jalma anyar.  Jalma anu kakara  wawuh sarta  tangtu baé teu apaleun kana kasang tukang kahirupan pribadi kuring.

 "Pun lanceuk mah parantos ngantunkeun!".

 Aya nu nyurungkuy tina jero panon.  Sakuat tanaga ditahan. Jeletit kana haté asa  aya nu nyiwit. Kanyeri jeung kapeurih ditinggalkeun ku nu jadi salaki kahudang  deui. Sajongjongan nu tiluan jempé. Kuring ngarahuh, narik napas panjang.

"Hapunten!" ceuk Pa Yusuf.  Kuring ngaléos  bari manggut. Karérét nu saurang mah paneutepna asa rada béda. Eta meureun pédah apal ayeuna mah yén kuring téh randa. Rey jadi cua.

                Ti saprak  éta kajadian, pasemon kuring rada robah mun manéhna  datang téh. Kuraweud  haseum. Ceuk pamikir téh, baé kaleungitan  pelanggan hiji mah.  Ké ogé bakal loba deui anu datang. Tapi jeung pundung mah kalah  nerus nyambung. Komo ayeuna mah, manéhna bet jadi deukeut  jeung barudak kuring. Antukna, ulat judes ka manéhna gé lila-lila mah  barobah.  Kasabaranana  bet asa  sarua  jeung almarhum. Sabar nalika nyanghareupan barudak,  ogé dina nyanghareupan sipat  jeung adat-pangadatan kuring.

***

                Geus dua poé teu bisa  nungguan réstoran téh, sabab Maira, Si Bungsu gering. Sapeupeuting awakna nyebrét, panasna teu turun-turun. Ceuk dokter nu mariksana , budak téh kudu diopnameu.

                Basa keur diuk dina risbang gigireun Maira suster norojol nyampeurkeun.

                "Jadwal dinés bu!"

                "Sabaraha kali deui Néng?"

                "Sakali deui ayeuna, margi katingalna mah eungapna tos  sakinten".

                Budak téh ngalewé. Leungeunna diusapan. Keueung meureun, ningali pabaliutna selang anu rék ditapelkeun kana awak  manéhna.Torojol aya nu asup ka rohangan, dirérét, horéng Pa Yusuf.

                "Papih.....!"

                Maira ngagero halon. Leungeunna ranggah ménta  dipangku. Kuring ngagebeg. Maira bet nyebut papih. Ti iraha? Hayang sapok-pokeun ngahuit, nyarék Maira. Tapi biwir  bet asa rapet pisan, hésé diengabkeun. Pa Yusuf nyampeurkeun. Budak téh dipangku. Selang infusna dibebener. Pok manéhna ngomong.

                "Teu kedah sieun Mai, pan aya  Papih. Kersa nya dilandongan, supados énggal damang!".  Kituna téh bari ngusapan sirahna. Pipina diusapan deuih. Budak téh jempé.  Suster masangkeun alat nébulizer. Maira siga tingtrimeun naker aya dina lahunan Pa Yusuf.          

******

Sabada Maira mulang ti rumah sakit, kuring jeung barudak diajak jalan-jalan. Kaka jeung Maira anteng dina rupa-rupa kaulinan. Ku duaan dipelong ti kajauhan.

                "Lia, ngahaja Akang ngajak Lia jeung barudak ka ieu tempat. Akang téh hoyong ngobrol kalayan tumaninah. Wios nya, da barudak mah nuju anteng!"

                "Perkawis naon téa?" kuring tanggah, ngawanikeun manéh neuteup beungeutna, bari imut pok manéhna ngajawab.

                "Urang duaan!  Tangtos salira gé surti kana sikep Akang salami ieu. Akang téh aya maksad badé mikanyaah ka salira!"

                Sajongjongan kuring ngaheneng. Salila ieu gé kuring téh surti. Tapi sok ngahaja disieuhkeun tina pikiran. Di sina ingkah ka tempat anu jauh, ka Sabrang ka Palémbang, ka nagara  nu pangjauhna.

                "Akang nyaah ka salira, kitu deui ka barudak!"

                "Kang Yus, hatur nuhun! Abdi ngartos kana pamaksadan Akang. Tapi teu gampil kanggo urang  duaan mah. Naon margina? Akang aya nu kagungan!" bari tungkul nyarita téh, bari ngucel-ngucel tungtung cindung. Cindung warna kulawu, ciga kulawuna rasa nu kiwari keur samagaha,    dalit  marengan.

                "Kapan pameget mah wenang badé dua, tilu, atanapi opat ogé  sanés? Asal tiasa lumaku kalayan adil. Rarasaan mah,  Akang bakal mampuh. Boh ku sikep boh ku materi."

                "Yaktos, kitu pisan  nu kauninga ku urang sadayana.  Tapi tetep kapan kedah aya widi ti geureuha  salira!"

                "Penting éta hal kanggo salira?" leungeunna pageuh nyekelan leungeun kuring. Paneuteupna  asa nembus kana jajantung. Duh...éta soca! Aya ku liuh. Paneuteupna nu sok ningtrimkeun marojéngjana pipikiran téh. Luk deui tungkul, tungtung cindung milu pasrah basa ramo mimiti nyagap jeung ngucel-ngucel deui tungtungna.

                "Kalintang pentingna. Kanggo abdi, pernikahan téh sanés wungkul nikahkeun urang duaan.  Akang sareng abdi sipatna. Langkungna ti kitu, pernikahan téh kedah tiasa ngahijikeun dua kulawarga janten hiji beungkeutan, ngiatkeun ukhuwah, ngaraketkeun tur  ngamumulé silaturahmi. Kantenan kanggo urang mah, sanés mung ukur dua kulawarga nu badé dihijikeun téh panginten. Tapi opat kulawarga. Kulawarga abdi, kulawarga  almarhum, kulawarga  Akang, sareng kulawarga Ceuceu."

                "Nu penting mah kapan niat Akang, Nung! Teu saheureuyeun badé migarwa salira. Akang bakal tanggung jawab nganapakahan salira jeung barudak. Lahir-batin, dunya-ahérat!"

                "Akang, abdi yakin pisan kana éta hal. Karaos pisan kanyaah Akang ka abdi ogé ka barudak salami ieu. Tapi,  kanggo katingtriman urang sadayana, saéna nyuhunkeun heula widi ka Ceuceu. Pami Ceuceu ngawidian, ka abdina gé bakal ngaraos langkung tingtrim. Dokumén pernikahan ti  nagara gé bakal gampil diuruskeunana deuih pami aya widi ti istri nu kahiji mah.  Eta bakal janten payung hukum kanggo nangtayungan abdi, nangtayungan pernikahan urang,  ogé nangtayungan barudak. Saterasna, tangtos abdi bakal sah janten istri Akang. Sah numutkeun aturan agama, sah ogé numutkeun aturan nagara. Akang ngartos kana naon anu nembé ku abdi disanggemkeun sanés?"

                Manéhna  rumahuh, narik napas panjang. Keur kitu barudak singtorojol nyampeurkeun.

"Pap, hoyong uih!" Maira sumolondo kana lahunanana.

"Hayu!"

Maira dipangku, tuluy manéhna nungtun leungeun kuring. Kaka mah hideng, miheulaan lumpat ngadeukeutan mobil nu diparkir teu pati jauh ti lebah dinya. Bring opatan mulang, muru ka imah.  Dina mobil, barudak mah talibra, tayohna carapéeun urut lulumpatan ka ditu-ka dieu, kari kuring duaan!  Anteng jeung pikiran  séwang-séwangan. Anteng jeung lamunan séwang-séwangan.

Teu lila ti harita, Kang Yusuf ngajak badami pikeun ngungurus dokumén pernikahan. Aya kabungah pacampur reujeung kasedih nu ngagalura jeroeun dada. Bungahna, dina waktu anu moal lila deui, kuring moal hirup nyorangan. Aya batur geusan pakumaha dina nyanghareupan kahirupan. Ngadahup ka Kang Yusuf  anu pasipatanana teu béda jeung  almarhum.  Sedihna, kuring dicandung! Haté teu weléh galécok,  paguneman jeung diri sorangan. Naha paniatan kuring nu daék dicandung téh bener kitu?  Naha bener pamajikan Kang Yusuf bakal méré idin? Naha engkéna Kang Yusuf bakal bisa lumaku kalayan adil? Naha enya ieu paniatan téh pikeun milari karidoan Gusti? Kapan cenah dicandung téh mangrupakeun sunnah Rosul, jadi marga lantaran asupna kaum Hawa ka sawarga! Duh, sabilna rasa jeung pipikiran awor jeung ratugna keteg jajantung. Dulugdugdag, keukeuh paudag-udag! Antara enya reujeung kumaha!

                Dina waktu keur uras-urus susuratan téa, kuring kadatangan sémah. Ibu-ibu. Turun tina sédan Vios  pulas héjo kolot. Dangdanana ménor pisan. Papakéanana sarwa hadé. Umurna anu geus teu ngora deui, henteu mantak  ngurangan kana kageulisanana.


                "Badé ka saha  Ibu téh?"  kuring mapag bari imut.

                "Sareng Herlia Sriwianti?"

                "Muhun!" ceuk kuring.

                 Song manéhna ngasongkeun leungeun.

                "Endah Wijiati, istrina Yusuf Himawan!"

                Gebeg haté ngagebeg. Enyaan,  Kang Yusuf geus  bébéja ka pamajikanana. Ayeuna  datang manggihan,  ayeuna aya hareupeun.

                "Oh..........muhun, nepangkeun, abdi Lia. Bingah pisan tiasa  tepang sareng ibu!"

                "Aya picarioseun abdi téh."  Teugeug pisan.

                "Mangga, saé urang ngalih ka  palih ditu!" ceuk kuring nuduhkeun tempat  di béh jero. Kabeneran harita keur rada tiiseun. Kuring leumpang ti heula bari nanggeuy baki, eusina cai entéh dua gelas. Manéhna hideng nuturkeun.

                "Lia, urang téh papada awéwé. Sapamadegan cigana. Tangtu urang bakal ngarasa bungah kacida lamun urang  dipikanyaah ku  hiji lalaki. Ciga Lia  ayeuna.  Meni sakitu gedéna geuning kanyaah Kang Yusuf ka Lia téh, nepi ka Kang Yusuf waléh méménta idin hayang ngawin Lia.  Dikumahakeun nepi ka bisa kitu,  diparabunan?" rada muncereng dibarung ku  hégak napasna anu ngerepan. Beungeutna bareubeu beureum.
"Punten Ibu, nyarios naon téa nembé téh?"
                "Lah, tong sok api-api. Lain geus loba beubeunangan tina hasil morotan Kang Yusuf  téh! Naon waé?  Emas, berlian, duit tabungan, mobil atawa naon deui?"
                "Ibu, istigfar! Abdi henteu ciga kitu!"
                "Teu kudu ngangles. Kitu kapan pagawéan randa mah. Morotan salaki batur. Mun teu  diparabunan, maenya Kang Yusuf  nepi ka kieu, pok deui-pok deui,   méménta idin hayang baé kawin jeung Lia!"
                "Ibu, ngaleueut heula. Supados tenang!" kuring neureuy ciduh. Tikoro karasa nyeri. Piceurikeun nyelek, minuhan tikoro.
"Peryogi kauninga ku Ibu.  Pami tuang raka  pupulih, hoyong migarwa abdi, muhun, leres pisan. Tapi, abdi nu miwarang  supados anjeunna mundut heula widi ka Ibu. Muhun, rumaos abdi parantos ngiring mikanyaah tuang raka, tapi nyaah nu saéstu. Teu aya niat sakedik ogé kanggo gaduh niat awon.  Nu kaémut téh mung  hoyong  ibadah, niat meungkeut tatali silaturahmi".

Haté mah hayang ceurik jejeritan. Asa peurih kacida  disebut awéwé pamorotan téh. Kieu geuning ari nasib jadi randa.  Ti peuting rungsing kumareumbing ku kasimpé haté, ti beurang ngacacang kumalayang ka alam panglamunan. Katambah-tambah bet dicacampah, disangka tukang morotan lalaki. Sing demi, hayang ceurik jejeritan!
                Lila-lila, kahartieun meureun omongan kuring téh.   Tuluy Bu Endah amitan. Leuleuyna sikep kuring meruhkeun amarahna. Peureus ogé kekecapanana. Boa  pasipatanana nu saperti kitu nu ngabalukarkeun Kang Yusuf mindahkeun haténa ka kuring.
                Isukna, pasosoré Kang Yusup aya nepungan.  Béda ti sasari. Imutna ciga nu dipaksakeun. Panonna nu liuh, neuteup anteb. Pok manéhna nyarita, sorana méh teu kadengé, ngageter bangun keur nahan hiji rasa, rasa nu pinuh ku karumasaan.
                "Lia, hampura  Akang. Mimiti poé isuk, Akang pindah gawé ka Unit Cimalaka. Ngadadak puguh gé. Jeung deui Akang téh kakara mulang ti rumah sakit. Endah  ayeuna  aya di rumah sakit!"
                "Ceuceu! Ku naon?"
                "Ngeureut  pigeulang leungeunna sorangan.  Kakara dipindahkeun ti ICU ka rohangan perawatan. Sakali deui, hampura Akang. Kanyaah Akang ka Lia jeung barudak  moal laas kapisah ku mangsa, nepi ka iraha baé ogé."
                 Aya nu ngeclak maseuhan kana tonggong leungeun. Ku tungtung cindung lalaunan cimatana disusutan.*

Karya Hena Sumarni (jabar.tribunnews.com)

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment