-

Monday, October 17, 2011

Pupujian Anak Adam

Anak Adam Anjeun di dunya ngumbara...

Umur Anjeun di Dunya teh moal lila...

Anak Adam... Umur anjeun teh ngurangan...

saban poe, saban peuting dicontangan

Anak Adam paeh anjeun teh nyorangan

cul anak cul salaki cul babandaan

Anak adam anjeun Paeh euweuh nu dibawa

ngan Asiwung jeung boeh anu di bawa

Anak adam...

Pasaran teh lolongseran

Saban poe, saban peuting gegeroan

Anak adam anjeun kaluar ti imah

digarotong dina pasaran tugenah

"Aduh Bapak, Aduh Ibu Abdi keueung"

"Rup Ku padung, Rap ku Lemah abdi Sieun"

Anak Adam di kubur teh poek pisan

Nunyaangan di Kubur teh Maca Quran

Anak Adam di kubur teh ngan sorangan

Pibatureun dikubur teh amal soleh

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment