-

Friday, June 29, 2012

Beurang Kabeh

“Mama,” ceuk si Preman, pasemonna alum. “Basa abdi ngalangkung ka pasar, jelema nyeungseurikeun, pajar teu pantes abdi solat, teu pantes abdi puasa, teu pantes abdi tobat.”

Mama gumujeng. “Na kumaha kitu? Naha anjeun hayang poe teh beurang kabeh? Naha hayang deungeun sangu amis kabeh? Naha hayang leumpang suku katuhu wungkul?!” Si Preman teu wasa cengkat. Ngeluk. Ngaheruk.

Mama neraskeun, ”Kangjeng Nabi jalmi kasep, hade akhlak, pangbageurna, malah langsung kenging wahyu ti Pangeran, tapi kumaha sadidintenna? Komo sia, jalma anu ceuk balarea goreng rupa gote akhlak, gelarna ge sia mah preman! Naha pantes dipikaresep? Pantes didama-dama? Pantes dipuji-puji?”

Sanggeus cium tangan, si Preman balik. “Omat,” saur mama. ”Leumpang sing lempeng, tong galideur ka kenca ka katuhu, sumawonna ka tukang. Jig. Bakal tereh nepi!” (Mohammad Ridwan Trijana)***

Pikiran rakyat
Jumat, 22/06/2012 - 17:41

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment