-

Saturday, June 30, 2012

Hawu

Si Aki ngalangeu, ngimpleng tineung, haseup ngelun, ngawang-ngawang, meungpeukan beungeut bulan. Rus-ras. Waktu ngeumbing pasir, mandi cireumis, turun gunung, dilentab ku panon poe, ngaleut ngeungkeuy mangul suluh. Lengkah gejed, suku paketrok. Teu nolih kacape, hayang muru, bubuy sampeu.

Wanci subuh, diharudum, bari siduru, ngahaneutan tonggong bongkok, seeng nyengsreng, nyuruput cikopi dina batok. Si Aki kumetap. “Cik, Nini mirun seuneu, Aki hayang bubuy boled...” Pokna. Si Nini kerung. “Eh, jiga nu ngalindur wae.., ai teun teh..!

Ret ka Dapur, gebeg. Hawu ngungun, bangun nu ngajebian, ngarendeng jeung hawu nu anyar pinanggih. “Beu, pileuleuyan Hawu..! Anjeun, geus kumaula, katigas mangsa, natrat, saksi sajarah, warisan karuhun.(Yuharno Uyuh)***

Pikiran Rakyat
Selasa, 26/06/2012 - 16:34

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment