Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun bobogohan, unggal ulin ka imah akina dua duana sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah lower asup ti katuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui papatah akina euweuh tapak-tapakna acan. Hiji mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar bari lalajo sing suruwukna cai laut pantey Pananjung wanci balebat.Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep eunteup dina palebah bitis Euis Dohoy anu keur emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal tidinya, reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak. Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong semu haroshos."A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !""Aduh punten..sakali deui punten !" ceuk Asep Jebrag bari ngejatkeun leungeunna."Teu...