-
Showing posts with label lirik. Show all posts
Showing posts with label lirik. Show all posts

Monday, June 06, 2011

Eling-Eling Umat - Ebith Beat

Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah solat, solat, solat
Eta kawajiban urang keur di dunia
Kangge beukeul jaga urang di akhirat

Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah solat, solat, solat
Eta kawajiban urang keur di dunia
Kangge beukeul jaga urang di akhirat

Urang tos terang sadayana
Nunamina muslim teh sa'entos ngucapkeun
ngikrarkeun dua kalimat syahadat
Teras urang ngalaksanakeun
kawajiban solat nu lima waktu
Keudah tepat waktu, ulah hilaf ulah telat
Kumargi solat tos kaliwat moal tiasa deui uih sapanjang hayat

Eta solatna genah tumaninah, teu keudah rusuh
Komo deui lamun solatna asa diburu-buru
Solatna lamun tiasa mah keudah khusu
Manjatkeun doa nu dipanuju ka Allah robbanawalakalhamdu
Ya Allah mugia du'a-du'a nu ku urang dipanjatkeun dikabulkeun

Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah solat, solat, solat
Eta Kawajiban urang keur di dunia
Kangge beukeul jaga urang di akhirat

Yu mangga urang sadayana
urang leureuskeun solat urang sadaya
Subuh, lohor, asar, magrib, sareung isa
Ulah hilap ku urang dilakukeun
Kumargi eta kawajiban
Sareung solat teh tihangna agama
Sing saha-saha jalma nu ngadeugkeun solat
Berarti jalma eta ngawangun agama

Eta solatna berjamaah
ningkatkeun ukuwah islamiyah
Mageuhkeun tali silaturahmi
Kengeng berkah rido ilahi
Allah nu maha kawasa
Mugia ngabulkeun du'a-du'a urang sadayana

Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah solat solat solat
Eta kawajiban urang keur di dunia
Kangge beukeul jaga urang di akhirat

Eling-eling umat muslimin muslimat
hayu urang berjamaah solat, solat, solat
Eta kawajiban urang keur di dunia
kangge beukeul jaga urang di akhirat

Sunday, April 10, 2011

Sunda Tandang

Geura tabeuh goong manéh, Jalu
ngadu handaru jeung sora goong nu lian
malar batur nyarahoeun
hidep téh geuning teu pireu


Lain mangsana
urang ngadedempés héés
dina wanci kudu nyaring
lain wayah urang léah
balap mandeurikeun manéh
majar téh da lain éléh


Tong katalikung ku tukang
mangsa dicangcang ku tambang
beunang ngarara sorangan
beunang mapaés nu héngkér
hésé incah hésé lengkah
dicangreud ku sarwa ulah
akon-akon adiluhung


Geura tabeuh goong manéh, Jalu
geus meujeuhna nepak-dada
baheula dicarék sotéh
keur jaman silih élédan
ayeuna mangsana tandang
nu cicing wayahna nyisi
 
Puah
geura teuneung geura ludeung
geura nyoara sin perténtang
anjeun mah lain bagejid, Jalu
tapi jangkrik siap tarung
Prung!

Thursday, April 07, 2011

Haleuang Mapag Nu Lawas

Pencipta : Amas Thamaswara
Lagam : Kawih
Laras : Pelog Degung

Didagoan duh ku haleuang
Rek dipapag ku wirahma kendang
Ku lagu nu nyusun carita kalbu
Nupayus tur luyu duh keur nu rek cunduk

Hawar-hawar sora panggero
Ngahiap-hiap ngabaeu-baeu
Yeuh medan sora medan katineung
Nu lebet rumpaka duh keur panineungan

Jentrengna kacapi nu ku anjeun sok pasini
Ligar sora rebab nu ku anjeun sok subaya
Ngagelikna suling nu kungsi nyanding hariring
Kiwari geus nganti iraha rek datang deui

Lagu ieu sora ieu
Disungkemkeun ka manehna
Muga sing jadi pangjajap
Pangjurung laku pangajak hate


Hariring Bandung
Eundeuk-endeukan
Sunda Tandang

Wednesday, April 06, 2011

Hiji catetan

Pencipta : Gugum gumbira Tirasonjaya
Lagam :
Kawih, Gamelan, Ketuk Tilu
Laras : salendro

Geus lawas carita urang
Anu munggaran nitipkeun asih kamelang
Teu laas sanajan mangsa nyelangan
Kedalna lisan satia rek babarengan
Harepan ngayun
Rek mitresna laksana nyandingkeun bulan
Mekarna kembang endah pangharepan
Ngotret ingetan mukakeun hiji catetan
Tapi kiwari ngan kuring anu ngajuri
cuangIcieung ngan sorangan
Honcewang hate laleuwang
Nu miasih dipeupeurih
Nu mitineung ditinggalkeun
Teu sangka bet jalir jangji
Kuharianeun
Najan bulan caang bentang baranang ngiceupan
Tapi hate samagaha geuneuk rumeuk teu cahyaan

Sunday, April 03, 2011

Hariring Bandung

Hariring Bandung
Pencipta : ujang suwarna
Lagam : Degung-Kawih

Hariring hariring bandung
Haleuang haleuang bandung
Ngagalindeng sora degung
Mirig lagu degung panggung
Aduh bandung puserna parahiangan
Bandung tempat kabudayaan
Kota kawarti
Pinuh kawarti wawangi
Bangsa lian oge mandang
Bandung nelah kota kembang nu kiwari
Bandung nu ngandung sajarah
Danyeuh anu katelah
Hariring rupi ka eling
Haleang rupi ka melang
Ka para nonoman sunda
Kade lali budayana

Eundeuk-endeukan

Eundeuk-endeukan
Pencipta : Mang Koko Koswara

Hayu batur urang ulin ka kebon
Tataekan dina tangkal nu doyong
Eundeuk-eundeukan na' dahan
Resep emplad-empladan
Diuk ungkleuk-eungkleukan
Kakawihan

Hayu batur urang ulin ka landeuh
Tataekan bari muntang sing pageuh
Eundeuk-eundeukan bagenti
sepi tina karisi
Dina dahan sidengdang
Moal lewang

Sunda Tandang

Geura tabeuh goong manéh, Jalu
ngadu handaru jeung sora goong nu lian
malar batur nyarahoeun
hidep téh geuning teu pireu
 
Lain mangsana
urang ngadedempés héés
dina wanci kudu nyaring
lain wayah urang léah
balap mandeurikeun manéh
majar téh da lain éléh
 
Tong katalikung ku tukang
mangsa dicangcang ku tambang
beunang ngarara sorangan
beunang mapaés nu héngkér
hésé incah hésé lengkah
dicangreud ku sarwa ulah
akon-akon adiluhung
 
Geura tabeuh goong manéh, Jalu
geus meujeuhna nepak-dada
baheula dicarék sotéh
keur jaman silih élédan
ayeuna mangsana tandang
nu cicing wayahna nyisi
 
Puah
geura teuneung geura ludeung
geura nyoara sin perténtang
anjeun mah lain bagejid, Jalu
tapi jangkrik siap tarung
Prung!

(Ku Kang Yayat Hendayana : 2002)

Saturday, April 02, 2011

Kidung

Lagam  : Degung-Kawih, Kliningan, Ketuk Tilu
Laras    : Pelog Degung, salendro
sumber  : Kumpulan Tembang sunda cianjuran
              Dra. Elis suryani - Yat Yuhaeti - Bandung l986
sanggem abdi ti kapungkur
Mugi ulah nganyenyeri
upami geus teu kamanah
Mugi ulah jadi galih
Mung ngantos-ngantos timbalan
siang wengi seja ngiring

Asli kasenian Bandung
sangkuriang Dayang sumbi
Angkeuhan rek lalayaran
Pangantenan teu ngajadi
Kapegat ku kingkilaban
wewesen Nyi Dayang sumbi

Kinanti kidung rahayu
Rahayu no boga milik
Milik pusaka ki sunda
Bibit beuti ti ngajadi
Jangkar saka kasenian
Kabudayaan sunda asli

sangkuriang langkung bendu
Rumaos sisip nya budi
Kabeurangan rarasaan
Da kapalingan ti peuting
Kasenian kabudayaan
Amin Ya Robbal alamin

sanggar seni L1MA's - www datasunda org

Monday, March 28, 2011

Aku Tidak Sinting (Doel Sumbang)

kau yang menjenguk ku ketika aku duduk lesu di lantai tlotoar jalan sudirman menghadap dan menatap tong yang penuh berisi surat² gadai ku
dan disitulah tanggung jawabku tumpah kepada arloji seiko, sepatu lotto kaos oblong dros celana kalung platina dan radio ban merek telesonik. aku tidak sinting
kau yang melihatku ketika aku lari dengan kaki kesemutan mengejar perempuan malam sudirman tinggalkan engkau yang nampak bengong disekat angin malam yang membacok tulang
Dan disitulah ku kejar surga semu dari Sumia, Denok, Laila, Majenun, siti saliha, neneng warsiah, Iinasarina dan rukmini binti eceng gondok wati. aku tidak sinting,
kau yang menyaksikan ketika aku mabuk dan ngecapruk hingga hampir disergap petugas pertahanan sipil lantaran saban waktu lupadiri berteriak pidato seperti Kennedy Presiden Ragen yang kampanye.
Dan disitulah dendam ku tumbuh subur pada Jonie Walker, esKozi, N-BeNapoleon, Martini, Mansien, putau, Colombus, dan arak tradisional kencing Kuda. Aku tidak sinting.
Kau yang nangis terisak ketika aku dikandangi diseksi tiga, lantaran kelakuanku yang dituduh mengganggu KAMTIBMAS, serta ketika mabuk aku pernah menampar seorang wanita Tua, yang demi Tuhan aku tidak menyangka kalau Ia istri perwira POLISI, aku tidak sinting tetapi celaka apalagi sinting pasti lebih celaka.
Aku tidak sinting tetapi celaka, apalagi sinting pasti lebih celaka…

Sunday, March 27, 2011

Awet Rajet

Rumah tangga jeung manehna
Geus teu ka itung lilana
Tibujangan jeung parawan
Neupika geus reuay anak
Ari jodoh tetep pageuh
Tapi sok pakucrut bae
Teu kaop salah saeutik
Babari pisan mundelik
Nya atuh kudu kudu kumaha
Rumah tangga jeung manehna
Sakieu geus anak loba
Manehna euweuh elingna
Tengah peting jemplang jempling
Dijujurung sina balik
Rek balik balik kamana
Indung bapa geus teu boga

Ayun Ambing


Deungkleung dengdek anaking jimat awaking
Geura bobo panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rizki buburuh jadi TKI
Deungkleung dengdek anaking di ayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu’a ema hidep enggal mulang
Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weuleuh ngadodoho
Sanajan urang paanggang
Hate mah paanjang anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti Urang sumerah diri
Kieu buktina kedah kieu nasibna

Duriat Madinah

Waktu urang patepung deudeuh
Layung koneng mayungan masjid nabawi
Dikersakeun bada maghrib urang wanoh
Nu jadi saksina madinah al munnawaroh

*
Ku kersaning nu maha suci
Pa amprok di dinana tawaf jeung sa’i
Teu ras pada mengtangtu kadi multajam
Mihareup duaan deukeut silih pikaheman

**
Duriat Ka ajeun jeung ka tanah suci
Duriat nu gumuruh dina ati
Duriat ka anjeun jeung ka tanah suci
Duriat nu ngaguruh dina ati
Reff:
Rukun yamman hajar aswad
Hijir ismail jeung anjeun
Ngawakun rasa kasono moal bosen moal poho
Geuning aya ridho gusti
Ayeuna urang ngajadi
Hoyongna patilas deui jaga mun ibadah haji

Tuesday, October 28, 2008

SOEMPAH PEMOEDA

Pertama :
- KAMI POETRA DAN POETRI INDONESIA MENGAKOE BERTOEMPAH DARAH JANG SATOE, TANAH AIR INDONESIA

Kedua :
- KAMI POETRA DAN POETRI INDONESIA, MENGAKOE BERBANGSA JANG SATOE, BANGSA INDONESIA

Ketiga :
- KAMI POETRA DAN POETRI INDONESIA MENGJOENJOENG BAHASA PERSATOEAN, BAHASA INDONESIA

Djakarta, 28 Oktober 1928


Friday, October 17, 2008

Lirik kabogoh jauh - Kang Darso

Boga kabogoh jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon

Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

Thursday, May 29, 2008

Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur
Jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna
Bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas
Reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari
Heberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul
Kana Tandangna
Gandang jeung pertengtang
Taya bandinganana
Dipikagimil
Dipikaserab kusasama
Taya karempan
Kasieun leber wawanena

Manuk dadali
Manuk panggagahna
Perlambang sakti
Indonesia jaya

Manuk dadali
Pangkakoncarana
Resep ngahiji
Rukun Sakabehna

Hirup sauyunan
Tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah
Teu inggis belapati

Manuk dadali
Ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa
Di nagara Indonesia

Cipt: Sambas

Tuesday, May 27, 2008

Kembang Tanjung Panineungan

(Ciptaan mang Koko, dikawihkeun munggaran ku Ida) (disalin ku : Danurwenda Wijayaputra)
Anaking jimat awaking Bssa ema mulung tanjung rebun-rebun di pakarangan nu remis keneh Harita keur kakandungan ku hidep.
Geus opat taun katukang ema nyipta mulung bentang nu marulang peuting tadi, Bentang seungit ditiiran, pangangguran Anaking jimat awaking, Basa ema mulung tanjung rebun-rebun, bet henteu sangka aya nu datang ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep


Nu opat poe teu mlang ngepung gunung pager bitis cenah tiwas peuting tadi, layona keur kadieukeun, dipulangkeun. Harita waktu layona geus datang, ema ceurik balilihan Ras ka hidep na Kandungan utun inji budak yatim, deudeuh teuing Harita waktu layon geus digotong, ema inget ieuh kana tanjung dikalungkeun na pasaran, kembang asih panganggeusan ieung ti duaan.
Anaking jimat awaking Lamun ema mulung TAnjung reujeung hidep, kasuatsuat nya pipikiran tapina kedalna teh ku hariring, hariring eling ku eling Kana tanjung nu dipulung Eh... kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan, nu nyeungitan hate urang Panineungan.