-

Sunday, April 03, 2011

Sunda Tandang

Geura tabeuh goong manéh, Jalu
ngadu handaru jeung sora goong nu lian
malar batur nyarahoeun
hidep téh geuning teu pireu
 
Lain mangsana
urang ngadedempés héés
dina wanci kudu nyaring
lain wayah urang léah
balap mandeurikeun manéh
majar téh da lain éléh
 
Tong katalikung ku tukang
mangsa dicangcang ku tambang
beunang ngarara sorangan
beunang mapaés nu héngkér
hésé incah hésé lengkah
dicangreud ku sarwa ulah
akon-akon adiluhung
 
Geura tabeuh goong manéh, Jalu
geus meujeuhna nepak-dada
baheula dicarék sotéh
keur jaman silih élédan
ayeuna mangsana tandang
nu cicing wayahna nyisi
 
Puah
geura teuneung geura ludeung
geura nyoara sin perténtang
anjeun mah lain bagejid, Jalu
tapi jangkrik siap tarung
Prung!

(Ku Kang Yayat Hendayana : 2002)

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment