
Udin (10 th) urang Banjar, dititah ku indung na ka Bandung. Duka aya urusan naon. Kusabab Udin kakara indit ka Bandung, indung na milu nganteur megat elf nu rek ka Bandung.Sakeudeung nungguan, jol aya elf ka Bandung. Ka kernet si indung budak pesen supaya di Limbangan kudu bebeja pedah si budak teu apal Limbangan. Di Ciamis si budak nanya ka si kernet, iyeu Limbangan lain? Dijawab, lain. Di Tasik sarua nanya, kernet ngajawab lain. Di Ciawi kitu keneh. Napika si budak bosen tunya tanya. Kusabab capek si budak kasarean. Pas di Nagreg si kernet kakara inget amanat si indung budak. Manehna bebeja ka sopir yen manehna poho amanat...