-

Sunday, July 01, 2012

Curuk

Jéngkél, keuheul, ambek. Ngan henteu aral mah. Kunaon? Ah, teuing kunaon. Curuk ujug-ujug hésé ditikelkeun. Diutek-utek gé embungeun. Heuras wé, jeceng. Nyeri henteu cangkeul henteu. Ngan teu puguh wé, karagok.

Pangpangna éra ku batur. Tingcikik nyeungseurikeun. Naon nu jadi margalantaranana. Weléh teu nyaho. Teu rumasa sok culak colok kanu lain colokeunana. Katinggang palu henteu deuih.

Belenyeng ka dokter. Diaprak, timimiti dokter tulang nepika dokter kelamin. Batan ngubaran mah kalah nitah balik. Tapi mayar mah teu burung. Béak sajuta tah.

Panasaran. Gidik néangan dukun. Diasruk. Lapur….euweuh nu metu. Batan dijampéan kalah nyarékan: “maenya déwék kudu ngubaran curuk,” pokna.

Kencling balik deui. Nyarandé na caringin. Aral. Piraku kudu malidkeun manéh. Langgeor aya nini-nini. Kunaon adén ngalamun waé, pokna.

“Curuk jeceng waé,” cekéng. “Cing ngilikan.”

Curuk ditémbongkeun ka si nini. Teu antaparah gerewek ditéwak. Dipalitekeun satarikna. Krek….. peletok. Teu sakara-kara cageur. Normal deui.

“Kunaon nini?” cekéng. Bari gumeulis si nini némbalan: “héhé..ku tongo.” (Denny Kurniadi)***
Pikiran Rakyat
Senin, 25/06/2012 - 20:12

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment