UPAMI téa mah engkang pareng sumping deui ka rorompok, heug abdi kasampak tos teu aya, panuhun engkang henteu rengat galih. Sumawonna bendu. Ulah, engkang! Sanés, abdi mah da sanés badé baha. Leuh, ampun paralun. Sagala rupi kasaéan ti engkang éstu katampi. Dugi ka abdi ngaraos abot mulang tarimana. Natrat sareng buktos, engkang téh mana totomplokan miasih ka diri abdi.
Leres, sanés henteu bagja abdi gé dilayadan ku engkang méh saban wengi. Bingahna gé sakalintang. Naha mani kedah bari barang kintun deuih? Mani sok kumeleter abdi mah nampina ogé. Geura itu, pun biang sareng pun bapa mani nyempod kitu di palih juru. Sérab, teu werat kedah mayunan engkang.
Sumuhun. Hadéna aya Nyi Isah, tatangga. Ku héman jeung sonagar manéhna mah. Sok daék dihiras nyuguhkeun cai sareng lalawuh. Sanés lalawuh nu saé, muhun, lalawuh saaya-aya di warung. Da puguh teu aya ari nu langkung ti éta mah. Namung nu tangtos, pun bapa sareng pun biang sok teu wasaeun nyidem kabingah. Kadieunakeun mah, upami uningaeun engkang badé sumping, sakapeung nu teu aya gé sok ngahagal disiar. Sakantenan bari balanja ka pasar kanggo warung, saurna téh. Piraku teu dugi ka kitu onaman, engkang? Tangtos awon kasebatna, katatamuan ku putra gegedén di Malabar, henteu dihormat diugung-ugung.
"Geuning éta Cép Barkah, Eulis, sumpingna mani méh saban wengi?" saur ema mariksakeun hiji poé semu nu kareureuwasan.
Kuring teu wasa ngawalonan. Barina gé naon nu kudu ditembrakkeun? Bet kuring sorangan kebek kabingung. Enya, naon margina atuh pangna engkang pirajeunan ngersakeun sindang?
"Hih, alusna mah Eulis téh bungah," cék Nyi Isah mah, "Mana kitu gé Cép Barkah neundeun haté ka Eulis. Angguranan tarimakeun étah."
"Lah, sok ka mana waé Nyai mah," témbal téh, "Kumaha mun kuringna nu umambon?"
"Tapi da nembrak pisan, Eulis. Mani saban waktu Cép Barkah ngalongokan ka Eulis."
"Boa ngalongokan ka apa, Nyai?"
"Manasina keur aya apa!" kalah némpas Nyi Isah téh, "Kapan saban ka dieu nu ditatanyakeunana gé ngan ukur Eulis. Si Béntang Tanara, nu geus henteu bireuk deui di saperkebunan Malabar mah."
"Ah Nyai mah."
***
Enya. Sakapeung ari wengi téh sok bati nyileuk. Sok teras kacipta, wengi-wengi engkang lungsur ngabujeng ka Tanara, mipir-mipir kebon entéh. Hawatos teuing, tangtos engkang maksakeun ku anjeun disisimbut ku angin peuting nu sakitu nyecepna. Pajah téh sawios cenah, dapon engkang tiasa tepang sareng abdi. Kutan leres engkang téh bangun nu teu isin ngalulumayankeun ka diri abdi? Engkang mah di perkebunan gé kapan kagungan pangkat. Putra gegedén deuih; Wakil Administratur kapan kasebatna gé tuang rama teh. Atuh akang ku anjeun kapan kasebatna gé Wakil Kepala Employe, nu ngageugeuh ublug-ablagna kebon entéh di saampar Perkebunan Malabar. Tebih tanah ka langit upami dibandingkeun sareng abdi nu ukur tamat SMP.
Naha naon atuh nu diseja ti diri abdi? Geura mangga ku engkang tingali, da teu sakedik kapan mojang anu langkung-langkung ti diri abdi. Naha manah engkang eunteupna henteu ka palih dinya?
Emh!
Nu teu disangka-sangka mah, bet tilu sasih kapengker engkang sumping ka rorompok pasisiang. Hih, da pun bapa mah nuju teu aya, engkang. Kapan teu acan mulih ti pabrik wayah kieu mah, sanggem abdi téh.
"Terang akang gé," walon engkang harita, "Kapan tadi akang nyanggem heula ka tuang rama di padamelan, popoyan badé nepangan Eulis di dieu."
Beu!
"Hapunten akang tos kumawantun. Nanging teu sawios, sakintenna Eulis henteu widi mah, akang badé wangsul deui," saur engkang téh.
Leuh geuning, panyanten téh engkang tara pundungan. Kalah matak geregeteun baé abdi ningalna. Sok asa enya hoyong teras ngaheureuyan. Tapi da nu kedal mah kalah, "Ku keresaan baé geuning rurumpaheun ngalayadan?"
Panjang engkang ngawaleran. Mani sagala bedah naon nu sakedahna nyumput bari sareng kedah dibuni-buni téh. Sanaos enya dibalibirkeun, da geuning negrak sagala rupi pamaksadan engkang. Leuh, boa engkang lepat ngedalkeunana? Ieu abdi mani bayeungyang. Sok piraku engkang keresa mileuleuheungkeun ka diri abdi? Kapan teu sakedik mojang nu langkung-langkung ti diri abdi. Muhun, bet naha teuing engkang henteu ngeunteupkeun deudeuhna ka palih dinya?
"Leres. Kitu ogé upami Eulis percanten yén rasa asih jeung cinta mah henteu dihahalang ku kalungguhan. Tapi diébréhkeun ku karep sareng itikad. Tah, ti lebah dinya medalna asih engkang mah," saur engkang téh.
Duh Gusti, kedah kumaha ieu abdi?
Ti harita, méh saban wengi engkang ngalayadan. Tiris-tiris gé geuning engkang mah mani keresa lungsur sumping ka rorompok. Sakapeung mah, ari pasisiang pareng mulih ngaroris kebon entéh nu ngaplak saampar tingal, sok pirajeunan sindang ngareureuhkeun palay. Saur engkang téh sanés badé istirahat-istirahat teuing, nanging duméh palay tepang sareng abdi. Kutan?
Nanging temahna, sok aya baé haréwos peurih kaangin-angin, "Hhh! Humayua, cécéndét mandé kiara si Eulis mah!"
Leres, bet nembé kaémut geuning, engkang. Caketna engkang sareng abdi téh teu wudu janten matak geruh. Tatanggi patingkecewis, sobat-sobat sok kapireng ngupat. Meureun enya cua ku lampah abdi, micileuk salira engkang, nu sanés bangban sanés pacing. Engkang mah da sidik gunung, abdi mah teu hunyur-hunyur acan.
Leuh teu kiat geuning janten jalmi nu sarwa walurat téh. Aya kabingah sakedik gé teu sirikna kalah janten catur nu teu kinten matak nyeuitna. Nu lepat mah da abdi kénéh. Henteu ngukur ka kujur.
"Heueuh ngaca atuh Eulis manéh téh," cék Nani téa mah, "Manéh téh ngan saukur bulu taneuh!"
Duh, peurih geuning engkang ari tos kedah nguping kasauran réréncangan nu sapertos kitu mah. Da sayaktosna deuih, abdi téh sasatna henteu ngukur ka kujur.
"Ulah didangu," kalah sasauran kitu geuning engkang téh, "Kaasih engkang da sanés pupulasan. Medal tina dasar ati nu wening."
Mani bungangang abdi téh ngupingna. Asa enya nuju janten awéwé pangbagjana tiasa dipiasih ku engkang. Namung temahna, tambih sering engkang sumping ka rorompok wuwuh sering baé haréwos nu matak nyungkelit humiliwir kana ceuli abdi. Sahéng sareng matak nyaksrak. Disabaran gé da geuning kalah nambihan héab, mani panas baé raraosan teh.
"Barina gé siah, Eulis, Cép Barkah mah da geus dirérémokeun ka Néng Yanti," cék réréncangan téh, "Nyaho manéh gé ka Néng Yanti, lin? Enya, putra Pa Kepala Pengolahan! Mani ngabanding jeung sadarajat kapan jeung éta mah."
Tuh! Nyeri. Teuing ku nyeri geuning ari saban dinten kedah ranyong ku nu sasauran kitu mah. Nu hawatos mah pun biang sareng pun bapa, sok teras dijarebian ku tatanggi. Disebat humayua. Kadongdora cenah, teu nalipak manéh. Beu! Geura mangga uningaan ku engkang, itu pun bapa tos sababaraha dinten ieu teu angkat damel ka pabrik. Pun biang tara mios ka pasar deuih. Warung sok teras nutup sadidinten. Isin tuda cenah.
"Sanggem engkang gé ulah didangu. Asih engkang mah Eulis, da puguh wening. Teu kahalang ku pangkat," engkang sasauran mani tandes.
Duh Gusti, tulungan ieu abdi!
"Nu langkung reugreug deui kanggo akang mah, Eulisna léah nampi kaasih ti akang. Naha naon deui atuh nu kedah janten hahalang?" saur engkang deui.
"Tau nalipak manéh si Eulis mah," ranyong deui nu sasauran kitu, "Rasa aing pédah boga beunget geulis?!"
Gusti, mugi paparin kakiatan ka diri abdi.
Engkang, hapunten baé abdi. Ayeuna mah, upami engkang pareng sumping deui ka rorompok, tangtos abdi moal kasondong. Panuhun mugi engkang henteu janten rengat galih. Sumawonna bendu. Ulah, engkang!
Ayeuna abdi tos tebih ngantunkeun Tanara. Malabar mung kantun gupay. Engkang mah ulah palay uninga, naha ka mana abdi lunta. Teu kedah disusul-susul. Dipaluruh gé da moal bahan kasungsi. Sakali deui, hapunten ieu abdi: Eulis Sumarni, nu lunta duka badé ka mana.
Karya Dian Héndrayana