Ampun paralun lain deuk mapagahan dasarna kadeudeuh ti papada urang da ku papada urang jeung keur papada urang.
Wani soteh wakca balaka da bongan nu beurang jeung peutingna, nu caang poekna, nu panas jeung tiisna, nu tiris jeung haredangna, nu halodo jeung ngijihna, nu bageur jeung galakna, nu nyaah jeung ngewana, nu handap jeung luhurna, nu deet jeung jerona, nu jauh jeung deukeutna, nu gede jeung leutikna, nu tereh jeung launna, nu wareg jeung lapar hausna, nu amis jeung paitna, nu seungit jeung bauna, nu bodas jeung hideungna, nu nembrak jeung bunina, jeung nu tina wiwilangan geuning sahiji nunggal bae lain ukur ceuk cenah jeung beja dileumpangkeun harita ekeur jeung jaga
Leuweung leuwih lega ambahanna tibatan kecap alas, wana jsb. Samalah sesebutan eta mah minangka selerna. Leuweung nyoko kana ambahan legana jagat, ti mimiti wewengkon pangluhurna nepi wewengkon nu panghandapna kasebutna leuweung. Ngan nepikeun ka kiwari leuweung ambahanna ngaheureutan saprak diluyukeun jeung kecap nu datang ti luar. Leuweung ngan di hartikeun tempat neuteupna kukumpulan tutuwuhan jeung sarupaning nu aya di sajeroeunna. Padahal beh dituna geus ditetepkeun dna papagon urang yen saestuna wewengkon tempat hirup kumbuh urang ka asup kana leuweung, ngan diseubutna leuweung baladahan atawa leuweung bukaan. Baladahan atwa bukaan hartina leuweung nu bisa di baladah atawa di buka keur kapentingan hirup manusa.Ngan dasar manusa asa ieu aing tiap di bere omber rajeun poho kana purwadaksina nu kasebut "pamali" tea, nu lain eukeurna di aku-aku. Balukarna, leuweung dibukbak ngaleuwihan wates eukeurna sabab hayang meunang kauntungan nu leuwih gede tibatan batur. Geus jadi papasten dimana teu nyoko kana aturan nu kasebutna kasaimbangan bakal pinanggih jeung bancang pakewuh. Eta bancang pakewuh teh bisa datang ti alam sabudeureunna ( jagat badag) rupaning banjir, longsor, panyakit kagaringan, jst.Atawa tina alam dirina (jagat leutik) kawas datangna watek sarta sifat nu teu payus, seperti gampang ambek, kasinggungan, kasieunan, aing-aingan, gumede jsb. Dua perkara nu jadi balukarna ngahiji dina aweuhan nu mawa matak rusakna alam sakabeh, beh dituna pinasti tutup lalakon sakabeh nu gumelar di buana panca teungah. Estuna keur urang lain sieun kusabab tutupna lalakon hirup, tapi dumasar kana kuduna urang lumaku payus jeung aturan, hukum, papagon, tatali paranti jeung sesebutan sejenna nu geus ditetepkeun di tiap wewengkon. Perkara datang tutupna lalakon saestuna lain karep urang, tapi Gusti Hyang Tunggal nu ngersakeunna. Manusa mah saukur sumerah jeung tumarima kana papasten-Na. Nu matak laleumpang atuh ulah cineukeul bae ngarah nyaho dina papastena-Na eukeurna. Leuweung nyoko kana pasifatan atwa watekna, sawareh geus di guar di luhur, nyaeta keur titipan, tutupan, jeung baladahan. Titipan eta teh sifat ning alam nu kudu ditetepkeun sajatina teu bisa di obah sabab jadi cukang keur manusa nyaho ka Gustina nu matak kasebutna ge leuweung sanghyang. Tutupan eta teh sifat ning leuweung nu jadi panyukangan keur meresihan warugana dimana rek asup ka leuweung titipanna samemeh tuluy tepung jeung nu Maha Keursa. Kasebut oge panamping keur titipan jeung keur baladahan. Baladahan geus di jelaskeun diluhur. Sajatina eta pasifatan teh gumulung jeung tangtungan manusa, sabab rupaning jagat keneh jeung deui salila manusa teu nyaho kana bagean-bageana nu luyu jeung bagean leuweung sarupa di luhur. Pamohalan bisa ngagelarkeun darma babaktina. Nu matak bari bebela teh kudu di surupkeun kana awak diri. Surupkeun, ngaropea alam teh gumulung jeung manusa dina ngaropea dirina.Leuweung nu jadi pangeusi alam, lain nu ngancik di saluareun urang tapi manunggal jeung awak diri urang.
Prung geura padungdung prak gera makalangan kade ulah paluhur-luhur tangtungan, ka darat kudu jadi salebak ka cai kudu jadi saleuwi, sareundeuk saigel sabobot sapihanean. cag rampes....!
Pun Rahmat djenggala kurnia
Komunitas peduli lingkungan hidup
Bela alam nusantara ( KPLH BELANTARA )