Kalan-kalan, kabisa jelema dina ngomong bisa ‘nyalametkeun’ manehna tina masalah, boh na posisi bener boh na posisi salah!
Contona aya dina carita di handap. Carita ieu geus sumebar jaman kuring SMP, teuing saha nu ngarangna. Kabeneran ditulis oge di kumpulan humor Sunda, kenging Kang Taufik Faturohman.
Jaman baheula ieu mah, jeung teuing di nagara mana kajadianana oge.
Aya garong rek ngabongkar imah. Bet ninggang di naas, manehna katinggang kusen jandela, tepi ka maotna. Ahli warisna mangadu ka hakim, sabab ngarasa dirugikeun ku anu boga imah anu rek digarong tea.
Hakim buru-buru manggil anu boga imah.“Ku naon silaing masangkeun kusen teh mani lelewodeh? Tuh tenjo akibatna, garong anu rek asup ka imah maneh tepi ka paeh!”
“Tong ngalepatkeun abdi, Juragan Hakim. Pan miwarangan tukang kayu abdi masangkeun kusen teh,” ceuk anu boga imah.
“Teang tukang kayuna!”
Tukang kayu geus ngajagrag hareupeun hakim.
“Ku naon silaing masangkeun kusen teh mani lelewodeh?”
“Rumaos lepat abdi teh, Juragan Hakim. Harita abdi kagoda ku hiji istri anu nganggo acuk hejo, anu ngalangkung ka payuneun pisan, waktos nuju masangkeun kusen tea,” tembal tukang kayu.
“Teang awewe anu make baju hejo!”Awewe anu dimaksud geus aya di hareupeun hakim.
“Ku naon maneh make baju hejo, tepi ka tukang kayu jadi kaganggu?”
“Anu lepat mah sanes abdi, Juragan Hakim, tapi tukang celep,” tembal si awewe.
“Naha bet nyalahkeun tukang celep?”
“Apan abdi hoyong nyelep eta acuk teh ku warna koneng, tapi naha tukang celep bet nyanyahoanan, jadi warna hejo,” tembalna deui.
“Teang tukang celepna!”Teu hese. Poe eta keneh tukang celep geus dijagragkeun.
“Ku naon silaing bet nyelep ku warna hejo, apan pamenta anu bogana oge hayang ku warna koneng?
”Tukang celep ngabigeu. Manehna teu bisa ngasongkeun alesan.
“Hayoh jawab! Naha bet dicelep ku warna hejo?” hakim morongos.
Ngabigeu keneh wae.
Trok, trok! Hakim ngetrokkeun palu. “Hutang uyah, bayar uyah. Hutang nyawa, bayar nyawa. Logojo, bawa ieu tukang celep ka tihang gantungan!”
Gancangna carita, tukang celep dibawa ka luar ku logojo, rek digantung tepi ka paeh. Sanggeus rada lila, logojo ngurunyung deui, nyampeurkeun hakim.
“Juragan Hakim, teu tiasa digantung tukang celep teh.”
“Naha?” hakim nanya bari nyureng.
“Jalmina jangkung teuing,” tembal logojo.
Hakim kacida ambekna. Pok nyarita, “Ari silaing, naha bet bodo-bodo teuing! Teangan tukang celep anu pendek!”