-

Monday, November 07, 2011

carpon Batalion

Karya Lugiena De
Alumnus Jurusan Basa Sunda UPI, carponna kungsi dileler hadiah sastra LBSS

KOCAPKEUN di dataran benua anu jadi jagat campuhna Perang Dunya. Hiji perjurit papisah jeung batalion kesatuanana. Leumpang beurang reureuh peuting manéhna mileuweungan sorangan satengahing usum tiris nu wuwuh nyelecep maratan tulang. Langit teu weléh angkeub kahalangan kerepna hujan salju. Saampar lemah ngeplak bodas. Di ditu di dieu ukur tatangkalan raregas sanggeus lawas daunna maluguran.
Manéhna téh kaasup salah sahiji pasukan batalion anu dikirimkeun ka front hareup pertempuran. Sakumaha instruksi panglima perang, batalion manéhna dibéré tugas mertahankeun hiji kota anu pernahna kawilang stratégis. Anu lamun ditilik tina jihat taktik militér mah bakal nangtukeun éléh meunangna perang. Lantaran di éta kota pisan patepungna unggal jalur anu nyambungkeun sawatara kota penting séjénna.

Tapi geus ampir sabulan pasukan manéhna dibombardir musuh. Bororaah bisa males, teu dibéré hojah pisan téh saenyana. Da puguh sabatalion téh ukur pasukan infanteri wungkul. Ari kesatuan artileri jauh pisan pernahna aya di tukang, moal bisa ngadongkang stelling musuh. Dina usum tiris kawas kitu, alat tempur artileri anu singsarwa beurat moal bisa téréh-téréh nepi. Kitu deui serangan udara. Satungtung angkeub ku salju mah kapal gé moal bisa ngawang-ngawang. Nya taya deui nu diarep-arep iwal ti langit sugan geuwat lénglang.

Éstu teu kabadé ti anggalna saupama bagerakna musuh bakal gancang kacida. Saméméh hujan salju lekasan, batalion manéhna ancur katawuran nalika aya serangan ngagentak wayah carangcang tihang. Panarajang musuh lir caah mudal ti walungan. Bombardemén ngaburubut di mana-mana. Cindekna geus lain serangan leuleutikan deui. Unggal garis pertahanan bruh-brah teu walakaya. Mangtaun-taun ancrub di pangperangan, kakara harita manéhna nyeueung kaketir jeung kakeueung anu sakitu rohakana.

Teu ngadagoan diparéntah gé manéhna tuluy kabur sakalumpat-lampét nyingkahan musuh. Jauh, jauh pisan. Manéhna terus ngacir, asruk-asrukan ka jero leuweung. Unggal poé leumpang gagancangan. Teu sirikna reureuh ogé ngan ukur sakerejepan. Sanajan sora campuh pertempuran tinggal hawar-hawar, manéhna tuluy nikreuh teu eureun-eureun. Nyorang jarak mangkilo-kilométer, nempuh waktu mangpoé-poé.
Sajeroning lumampah manéhna teu weléh rancingeus tatan-tatan, hariwang pasarandog jeung pasukan musuh. Mangkaning amunisi geus méh béak. Untungna téh henteu nepi ka kalaparan. Da sok kaganjel-ganjel kénéh ku uncal atawa kelenci di leuweung. Diparengkeun tara hésé deuih manggihanana. Néwakna cukup ku pélor sasiki. Kalan-kalan dibongohan maké bayonét dina congo bedil.

Sanggeus mulan-malén meunang mangbulan-bulan, kakara lamun wayah peuting téh manéhna bisa reureuh rada lila. Ongkoh deuih geus lungsé kacida balas leumpang sakitu lilana. Tapi manéhna angger taki-taki. Saré gé tara nepi ka tibrana. Jajauheun kana nyegrék teu inget di bumi alam mah. Cacak aya sora ngorosak saeutik gé koréjat baé bangun nu reuwas nakeranan. Ceg leungeunna kana bedil, laju ngadepong bari culang-cileung.

Mangsa meleték panonpoé, manéhna nikreuh deui neruskeun lalampahanana, turta salawasna ati-ati. Teu sirikna bari luak-lieuk, paur aya musuh ngaberik. Bedil gé teu weléh dicepeng di hareup, kumaha baé peta perjurit nu sayaga némbak. Tara kungsi disoréndangkeun ka tukang. Komo dipapanggul mah. Baris kana cilakana lamun keur kitu seug jonghok jeung musuh.

Sapanjang kakaburan téh haténa teu weléh dikukuntit kasieun. Kalangkang musuh tuluy-tuluyan ngaririwaan. Paur jedér baé teu kanyahoan némbak. Nya ku lantaran éta manéhna teu wani kaluar ti jero leuweung. Kajeun sangsara kukurubutan atawa kukucuprakan dina ranca, lakar buni bari nyumput babari. Kitu gé tara nepi ka teu diawas-awas heula sorangeun di hareup téh. Kajeun ngarandeg heula, sangkan yakin yén liliwateun téh aman.

Antukna lila ti lila manéhna geus teu inget kana naon-naon deui. Anu minuhan sirahna wungkul kasieun jeung kahariwang anu pohara. Poé naon ayeuna, geus tepi ka mana, atawa geus sabaraha lila lumampah, tara ieuh dipikiran. Manéhna terus aprak-aprakan. Terus, terus, terus, ti usum tiris tug ka cunduk deui jeung usum tiris. Sataun, dua taun, tilu taun, mangtaun-taun, usum tiris datang deui. Manéhna geus teu inget ka banjar karang pamatuhan. Kulawarga nu ditinggalkeun lawas pisan kapopohokeun. Dalah ka dirina sorangan gé ngarasa samar. Hiji-hijina nu nyantél dina pikiranana nyaéta kudu nyingkahan musuh sing jauh.

Tapi dina hiji poé mah lalampahanana téh eureun, sabada yakin yén dirina aman. Saeutik-saeutik pangacianana mimiti ngumpul deui. Manéhna tuluy niténan kaayaan sabudeureun anu wuwuh jempling dilimpudan kasimpé. Tong boroning sora campuh pertempuran, dalah gumuruhna gé geus leungit sama sakali. Nu kadéngé ku ceulina ukur hawar-hawar séor angin katut babaung anjing ti kajauhan. Bet ahéng karasana éta patempatan téh.

Heuleut sawatara lila, manéhna mimiti misadar saniskara hal. Bruy-bray ingetanana baralik deui. Tuluy tumanya na jero haténa: aya di wewengkon mana ayeuna. Ras baé inget, yén harita musuh datangna ti béh kulon. Ari manéhna kabur téh maju ngalér.
Galabar baé muka peta, laju diimeutan sakedapan. Lebeng, ngan ukur bisa dilelebah. Enya, kira-kira geus nepi dieu aing téh, manéhna ngagerentes. Tapi manéhna sorangan sadar yén perkiraanana asa teu pati kurup jeung sagala rupa nu katénjo. Da kapan cék peta gé kuduna mah anjog téh ka leuweung pineus. Ari ieu bet asa karék manggihan leuweung siga kieu mah. Kana tatangkalanana gé teu apal saeutik-eutik acan. Padahal lain sakali dua kali mileuweungan téh, gerentesna deui.

Waktu manéhna luak-lieuk, katara aya haseup ngelun ti béh landeuh. Manéhna curinghak, tuluy ngadeukeutan bari salungkar-salingker di nu buni. Bréh baé kanyahoan, horéng lebah palataran di handap aya ténda barak. Kajurung ku panasaran, manéhna beuki ngadeukeutan. Tuluy nyidik-nyidik kelir seragam perjurit nu ngulampreng di luar. Tétéla pasukan manéhna pisan. Puguh wé atoh kacida. Geuwat baé lumpat tuturubun, laju muru ténda anu pangbadagna, seja rék lapor.
Barang sup teu wudu manéhna ngajenghok, da geuning di jero ténda téh lain ukur pasukan manéhna wungkul. Tapi campur jeung pasukan musuh. Kabéh perjurit anu aya di dinya keur ramé balakécrakan bari tingcakakak saleuseurian. Éstu layeut pisan, teu siga nu mumusuhan. Anu leuwih matak ngagebeg manéhna, hiji gé awakna euweuh nu walagri. Aya nu buntung sukuna, nu bolongor sirahna, nu bejad dadana, nu udal eusi beuteungna, jeung rupa-rupa deui. Tapi anéhna bet jagjag kacida. Bangun teu ngarasakeun kanyeri sakitu marandi getih téh.

"Har, geuning silaing? Iraha datang, euy?" Kadéngé aya nu nanya ti tukangeun, bari nepak kana sirah manéhna. Barang dilieuk, horéng komandan batalion, keur nangtung bari rarampéolan. Beungeutna sompad, panonna ngaplék sabeulah.

Sanggeusna ditepak, bet karasa aya nu beueus dina sirahna gé. Basa ku manéhna dirampa, enya baé getih mani lamokot. (*)

Kailhaman tina carita The Battered Bastards of Bastogne,
pertempuran Ardennes, Belgia, Désémber 1944.
http://jabar.tribunnews.com/read/artikel/19677/B-A-T-A-L-I-O-N

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment