-

Sunday, August 28, 2011

Epilog Hiji Catetan Minangka Gupay Pileuleuyan

KARYA:Tisna Sudradigjaya

Kula nulis ieu catetan minangka gupay pileuleuyan. Lantaran sakeudeung deui kula rék panggih jeung dihin pinasti, mapag ajal di palagan pangperangan. Nalika nepi tur kabaca ku aranjeun, meureun kula mah kana geus ngababatangna, di hiji tempat anu dilimpudan haseup mesiu tur mabek bau hangru. Nyawang nasib sorangan, asa teu kaerong pigeusaneun salamet. Lantaran saampar lemah béak dihuru seuneu amarah. Di ditu-di dieu ukur hunyudan banusan jeung jungkiring mesin-mesin perang.
Muga-muga ieu catetan, titinggal kula nu pamungkas, kabaca ku aranjeun. Leuwihna susuganan jadi surahaneun, pikeun anu masih kénéh nyakséni ka mana lumampahna sajarah.
***
Basa kula nulis ieu catetan, kaayaan di luar wuwuh tagiwur jeung ketir. Hiji perjurit lamokot ku getih cikénéh mawa béja anu matak geunjleung. Bénténg panungtung di tebéh hareup burakrakan. Musuh napuk di unggal garis pertahanan.

Di dieu, kula sabatur-batur ngadedempés jeroeun parigi. Tingsorompod, tingpurungkut. Unggal beungeut nu disidik-sidik hiji gé taya anu némbongkeun pasémon bérag. Beungeut-beungeut peuting nu ngemu karémpan, beuki tétéla saupama kacaangan cahya nu ngaburisat ti jauhna, tina blung-blengna sora handaruan anu ngeundeurkeun satungkebing lemah.
Enya, moal lila deui. Kula sabatur-batur, pasukan pamungkas, baris jonghok jeung malakal maot. Biheung teuing umur cacap nepi ka engké isuk. Kula sabatur-batur ayeuna keur tatan-tatan. Lamun cunduk waktuna, kula sabatur-batur kudu ngamuk nguwak-ngawik badis anjing édan, saméméh ditumpur-ludeskeun teu nyésa saurang-urang acan. Lantaran geus kabadé, taya bayana musuh bakal méré kasempetan manjangkeun hirup.
Sapanjang nyumput jeroeun parigi, ingetan mah bet cus-cos ka waktu kalarung. Patutuncalan, teu puguh ka mana nyangsangna. Kétah boa-boa batur gé sarua. Batan kana ajal nu nampeu hareupeun, meureun ingetanana mah kulayaban ka mana boa. Ka sarakan baheula, ka imah sintung kalapa, ka jenatna anak pamajikan atawa indung bapa. Atawa bisa jadi keur nyipta-nyipta hiji kalangkang éndah. Atawa keur nyipta-nyipta hiji patempatan. Tapi tangtuna gé lain ririwa bégalan pati di ieu tempat.
Geus rék panceg tujuh taun ieu perang téh. Kula inget kénéh, nalika perang mimiti bitu, kabéh lalaki anu geus cukup umur dikerid ti unggal wewengkon. Tuluy dibahanan bedil, dilatih maéhan lir anjing pamoroan. Hiji-hiji lalaki miang ka front pangperangan. Hiji-hiji béja perlayana ditepikeun ngaliwatan kurir. Babaturan, tatangga, dulur sorangan, nungtutan hiji-hiji miheulaan. Ti unggal imah anu dianjangan kurir, tangtu ti dinya bakal kadéngé goak jeung gaur nu ceurik kélangan. Dina kaayaan anu sakitu riceuw jeung weritna, biheung teuing aya nu milu béla sungkawa.
Lila ti lila teu wudu lembur-lembur tiiseun, kota haronghong, tatanén kabolér, ékonomi bangkar. Tujuh taun ngangkleung. Kaayaan beuki ruksak kacida. Pangungsi, kalaparan, panyakit, pamustunganana mayit balatak di mana-mana. Sedeng nu hirup kénéh dadak sakala jadi barangasan. Perang jeung kalaparan ngajarkeun sangkan silih paténi, silih rewég sungapan dahareun. Enya, sarua waé kawas anjing.
Kula ogé antukna mah sarua kudu kitu, ti saprak katunggara tambah kacida. Hiji mangsa tempat pangungsian diserang. Kula tuluy kabur sakalumpat-lampet, papisah jeung sésa-sésa kulawarga. Teu kungsi panggih deui, duka di marana ayeuna. Boa-boa geus perlaya.
Sabada hirup nunggelis, nu kaalaman ti poé ka poé ukur kaketir. Getih ulawéran sasatna geus jadi tetempoan unggal usik. Kalan-kalan kula gé kudu lumpat sakuat tanaga pikeun nyingkahan pangbinasa. Ti poé ka poé kasieun teu weléh ngaririwaan. Témahna kula remen katarajang murel jeung rieut sirah anu pohara, atawa ngimpi anu sing sarwa matak baluas.
Tapi lila-lila mah panyakit téh leungit sorangan. Kula ogé jadi tuman nyanghareupan kaayaan sapopoé anu saperti kitu. Malah satuluyuna mah kula milu singkil nyorén bedil. Lain rék indit ka pangperangan, tapi lakar keur mertahankeun hirup sorangan. Najan kula budak satepak, ari ku bedil mah nu rék ganggu jadi pada gimir. Anu nyangagang tara asa-asa dicehcer sirahna.
Ti saprak harita, ray poé ray peuting kula bet asa tambah samar ka diri sorangan. Kula geus teu inget deui kumaha resepna baheula di pangulinan, di sakola, atawa nalika ngariung jeung kulawarga. Kula leuwih inget kana AK 47 cecekelan ti batan kana rupa lembur sarakan. Kula leuwih apal kana rupa-rupa kaliber senjata katut kapunjulanana ti batan kana ngaran-ngaran jalma nu kungsi dipikawanoh. Dalah kana poé gé kula mah leuwih loba teu nyahona.
Satuluyna, nasib bet marengkeun kula ditawan ku hiji kompi pasukan. Geus pasrah tadina mah. Ari pék bet dihijikeun jeung mangratus-ratus budak séjénna. Tuluy wéh dilatih kamilitéran, pangpangna taktik gerilya jeung perang kota, bari dijejelan pidato anu eusina metet ku kecap "perjoangan", "révolusionér", "kaadilan", anu lamun dipikiran deui mah mutuh matak teu pikahartieun uteuk. Tapi da geuning maranéhna mah teu hayang nyaho perkara ngarti atawa henteuna. Butuh sotéh kasatiaan meleg-meleg katut jiwa pangorbanan anu tan watesan.
Heuleut sawatara lila, kula resmi jadi perjurit. Kula mingpin hiji brigadeu anu pasukanana barudak rumaja sapantaran. Najan enya barudak rumaja, tapi taya poé nu dilarung iwal ti bari ngokang bedil. Hukum anu nyampak dina sirah ukur aya dua: musuh atawa batur sakubu, dipaéhan atawa maéhan. Bener salah mah tara ieuh dipikiran.
Ti saprak harita ogé kula beuki teu ngajénan kana nyawa manusa. Duka geus sabaraha puluh nyawa anu perlaya dialgojoan ku leungeun kula. Enya, naon anu kudu dihargaan tina nyawa manusa? Teu paéh ayeuna, tangtu isuk pagéto mah bakal. Naha paéh alatan katinggang bom, katémbak, atawa paéh langlayeuseun, taya bédana. Dina kaayaan anu sakieu kacowna, -tanpa hukum, tanpa kakawasaan- saha anu bisa ngajamin umur manusa bisa waluya.
Kitu deui kana nyawa sorangan. Datangna ajal, najan enya teu disampeurkeun, tapi tara ieuh disingkahan. Kula percaya, yén takdir kula aya di sajeroning ieu kakacowan. Kula percaya ka waktu anu bakal mutuskeun. Sarta kula saeutik gé teu ngarasa sieun atawa lebar. Da batan hirup bari manjangkeun sangsara, asa leuwih hadé mondokeun umur sakalian. Ma'na hirup geus lila leungit tina angen-angen, bareng jeung leungitna harepan kana poé isuk anu walagri.
***
Di dieu, di ieu nagara anu keur ngagolak ku angkara, kula darma perjurit nu kudu tumut kana paréntah. Tapi papadaning kitu, kula angger manusa: mahluk anu ditakdirkeun mibanda akal jeung haté.
Palatuk anu ngabitukeun perang tujuh taun kalarung, saenyana geus diipuk jauh saméméhna. Harita, tujuh taun kalarung, saréréa gé apal yén pamaréntahan nu keur nyekel kakawasaan éstuning geus teu bisa dipercaya. Lantaran pamaréntah téh ukur kedok wungkul. Eusina teu leuwih ti gorombolan garong anu teu weléh lapar jeung hanaang. Merdaya hukum, ngagasab duit nagara, nandasa rahayatna. Kitu jeung kitu salila mangtaun-taun.

Satuluyna tingkeletis béja, majar pamor pamaréntah beuki nyirorot. Isuk jaganing géto, tangtu éta wangunan nu ropoh téh bakal rugrug. Ukur kari nganti-nganti dawuh. Talajakna nyangsara rahayat sasatna ngaludang jugangna sorangan.

Tapi boa taya nu nyangka sacongo buuk, yén robahna kaayaan téh bakal sakitu gancang jeung rohakana. Rahayat dadak sakala ngaranjug lir diponcongok maung, barang apal bitu babaruntakan. Pamaréntahan dirurud. Militér teu mangga pulia. Laju poé isukna katut poé-poé satuluyna, kota-kota salin jinis jadi naraka. Kota demi kota kabarérang seuneu babaruntakan. Kota demi kota dihuru uru-ara. Wawangunan lebur diduruk. Sora bedil manting di mana-mana.

Heuleut saminggu ti harita, ibukota ragrag. Wayah beurangna ngaguruh nu pawéy révolusi di ibukota. Wayah peutingna geueuman, sabada lumangsung jam malam di ibukota.

Antukna resmi baé ngadeg pamaréntahan révolusi anu anyar. Pirang-pirang jalma anu kaasup status quo dipérénan. Anték pamaréntah, jalma beunghar, tentara, pajabat, jeung teuing saha deui. Dalah anu teu tuah teu dosa gé ari dianggap ngahalangan kana lajuna révolusi mah milu diganyang. Révolusi salin rupa jadi jagal anu kacida kejemna.

Beuki dieu-beuki dieu, anu dijagal téh geus teu puguh saha-sahana deui. Kaayaan wuwuh pajeujeut teu pikahartieun. Pacogrégan tambah nyeukeutan. Diplomasi jeung babadamian teu weléh ngabuntut bangkong. Malah dina pamustunganana timbul silih jagal di sajeroning révolusina sorangan. Rupa-rupa faksi lahir. Itu ieu pada-pada nyarekel bedil. Itu ieu pada-pada parebut kakawasaan. Ger deui uru-ara. Malah leuwih gedé batan ti heula, lantaran sasatna ngalibetkeun réa pihak.

Ragot tarung, perang laju padungdung. Perang tuluy ngalegaan. Mulan-malén tujuh taun, taya reureuhna, tug ka kiwari.

Sabaraha yuta jalma anu jadi korban, sabaraha ratus atawa réwu ton amunisi anu béak, anggaran, logistik, nasib rahayat, biheung teuing aya nu pirajeunan niténan. Sagala rupa diketrukeun pikeun ngudag hiji-hijina kaunggulan. Tapi naon saenyana harti kaunggulan tina saban-saban pangperangan? Weléh teu kabadé. Kula teu nyaho jeung teu kungsi nyaho, keur saha ieu perang téh saenyana, sarta naon tujuanana. Sakapeung kula sok tumanya, naon hartina unggul di pangperangan lamun dina pamustunganana malah nimbulkeun perang-perang séjénna? Naon hartina kamerdikaan jeung kaunggulan lamun abid anu bébas poé ayeuna bakal jadi tiran anu bengis poé isukna?

Nalika ieu carita kabaca ku anjeun, nalika kula namper dina haté aranjeun, omat kula mah tong disebut pahlawan. Da saenyana manusa mah butuh hirup anu bérés roés, teu butuh pahlawan. Taya nu dipiharep iwal ti kasurtian, yén hiji-hijina anu butuh pahlawan mah ukur perang silih paéhan.

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment