Keur meujeuhna sono bogoh hirup rumah tangga téh. Ninggang kana
paribasa runtut- raut sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi
salogak, sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan. Barudak keur meujeuhna
lalucu, kitu deui usaha nu jadi salaki, keur aya dina kamajuan. Rumah
makan beunang itikurih duaan, ahirna kajojo ka mana-mana. Padamuru pada
ngajarugjugan.
Tapi geuning milik mah teu pahiri-hiri, bagja teu paala-ala. Hirup jeung huripna manusa mungguh geus aya nu ngatur. Kitu ogé garis nasib nu tumiba ka diri kuring. Kersaning Gusti, alatan kasakitna, Kang Yudi tilar dunya, mulih ka jati mulang ka alam kalanggengan, dipundut ku nu kagunganana. Harita, nu karasa téh bumi alam asa tungkeb, banget ku baluweng pipikiran, kumaha nya geusan pilampaheun. Hantem midangdam nyeungceurikan peurihna papastén Hyang Widi, hantem midangdam nyeungceurikan panutan haté nu miheulaan ninggalkeun. Ninggalkeun kuring jeung barudak.
Rék teu kitu kumaha. Keur kuring mah Kang Yudi téh salaki idéal. Kasabaranana, tanggung jawabna ngipayahan anak pamajikan, kasaksian ku diri sorangan. Ti enol pisan kuring jeung manéhna ngamimitian muka usaha nepi ka saditinggalkeunana, kuring henteu kudu hirup ripuh. Mantak keur naon rumah tangga deui ogé. Mending hirup nyorangan, nuluykeun ngokolakeun pausahaan titinggal almarhum kalayan soson-soson.
" Tiasa nyuhunkeun daftar ménu Néng?", sorana agem ngagareuwahkeun lamunan. Lalaki tengah tuwuh, dangdananana nécis, rapih tur dandy ngajanteng hareupeun. Sikepna, rengkuhna jadi pertanda. Ajegna adeg-adeg kasopanan nyekrup kana tagog jeung penampilanana nu perlénté.
"Oh..mangga Bapa. Haturan, wilujeng sumping", ceuk kuring bari mérékeun daftar ménu nu dipéntana. Torojol Rina, pramusaji nyampeurkeun, mawa catetan keur nyatetkeun naon baé nu dipesen.
"Badé di palih mana, Pa?", Rina nanya. Kuring jongjon tungkul mariksaan bon nu pabalatak dina méja. Karérét ku juru panon, manéhna nyampeurkeun deui.
"Tiasa di méja palih lebet?" Jempolna nuduhkeun ka méja anu ngajéjér di rohangan béh jero.
"Yaktos Bapa. Mangga...tiasa milih tempat nu cocog sareng kapalay", kuring imut ngahempékeun.
Koloyong man?hna ka jero, muru ka m?ja nu kaopat. Pangjuruna. Eta rohangan ngahaja ku kuring dirancang pikabetaheun. Kentel nuansa romantisna, ngahaja keur nu mikabutuh kana éta hal. Teu loba méja anu aya di éta rohangan téh, ukur opat méja. Korsi anu disayagikeun gé ukur opat-opat. Sangeus pesenan sayaga, ku Wawan ditanggeuy, dianteurkeun ka méjana. Ti kajauhan ku kuring katénjo, Wawan milu diuk heula, ngobrol sawatara waktu. Teu lila jol Wawan ka deukeut méja, nyimpen baki urut nanggeuy dahareun téa. Ceuk Wawan, éta tamu téh Kepala Unit hiji bank, anu kantorna teu pati jauh ti réstoran kuring. Kabeneran deuih, mun seug éta bank keur katatamuan, atawa ngayakeun acara, sarta dina kagiatan kantor sapopoéna, parakaryawanna kabéh sok dalahar di dieu, di réstoran kuring. Dina jero haté tuluy ngomong sorangan, paingan dangdanan tur sikepna meni hadé kitu, horéng lain jalma joré-joré.
"Meni saé nami réstoran téh Néng. Anteb pihartoseunana gé. "Hégar Sari". Leres-leres janten tempat anu hégar sareng nyari kanggo niis, pasti parapelanggan téh ngaraos baretaheun pami sarumping ka ieu tempat".
"Amin, hatur nuhun Pa!"
"Mangga diétang, sabarahaeun?", ceuk manéhna bari ngaluarkeun dompét. Sabada diitung, duit téh aya pamulangan kénéh. Song dibérékeun ka Wawan anu kabeneran ngaliwat ka hareupeunanana.
"Hatur nuhun kana kasumpinganana Bapa!", ceuk kuring .
Léos éta jalma téh ngaléos. Beuheung eueuleugeugan, basa ningal mobil anu dipakéna kaluar ninggalkeun palataran parkir. Euleuh.......Hardtop heubeul kaluaran taun `83 pulasna kopi tutung, meni gugurilapan, cicirén hadé ropéa. Body mobil geus meunang ngamodif. Bener-bener gaya tur gagah katingalna. Eta deuih, ku anéh, plat nomer mobilna, D 3103 HS, bet sarua jeung tanggal lahir tur inisial singgetan ngaran kuring!
*******
Poé ieu mah, réstoran téh pinuh pisan. Dalapan beus wisata nu rék ngajugjug ka Ciater ngaradon reureuh. Atuh paciweuh pisan harita téh. Torojol Pa Yusuf datang bareng jeung dua baturna. Cenah mah Penilik ti Kantor Cabang anu deuk ngaroris ka Kantor Unit Gunung Tua. Ku lantaran parapramusaji téh kabéhanana nyanghareupan cekelan séwang-séwangan, kapaksa kuring gé singkil, turun tahta, mantuan milu jadi pramusaji. Pa Yusuf sabatur-batur nu disanghareupan téh.
Pesenan geus ngabarak dina méja. Angger milih tempat nu biasa, méja nomer opat di rohangan béh jero.
"Mangga Pa, wilujeng tuang!", ceuk kuring bari merenahkeun gelas ci entéh haneut keur nginumna.
"Hatur nuhun, sareng atuh sakantenan!" .
"Mangga Bapa, hatur nuhun. Permios!" .
"Sakedap Néng. Hapunten kumawantun. Tos sering abdi neda di dieu, asa teu acan tepang sareng tuang raka. Nuju kamana?" Pa Yusuf nanya.
Bek! Asa aya anu nonjok kana hulu angen. Keuna kana mamaras rasa. Pertanyaan saperti kitu nu pangdipikasieunna lamun kuring panggih jeung jalma anyar. Jalma anu kakara wawuh sarta tangtu baé teu apaleun kana kasang tukang kahirupan pribadi kuring.
"Pun lanceuk mah parantos ngantunkeun!".
Aya nu nyurungkuy tina jero panon. Sakuat tanaga ditahan. Jeletit kana haté asa aya nu nyiwit. Kanyeri jeung kapeurih ditinggalkeun ku nu jadi salaki kahudang deui. Sajongjongan nu tiluan jempé. Kuring ngarahuh, narik napas panjang.
"Hapunten!" ceuk Pa Yusuf. Kuring ngaléos bari manggut. Karérét nu saurang mah paneutepna asa rada béda. Eta meureun pédah apal ayeuna mah yén kuring téh randa. Rey jadi cua.
Ti saprak éta kajadian, pasemon kuring rada robah mun manéhna datang téh. Kuraweud haseum. Ceuk pamikir téh, baé kaleungitan pelanggan hiji mah. Ké ogé bakal loba deui anu datang. Tapi jeung pundung mah kalah nerus nyambung. Komo ayeuna mah, manéhna bet jadi deukeut jeung barudak kuring. Antukna, ulat judes ka manéhna gé lila-lila mah barobah. Kasabaranana bet asa sarua jeung almarhum. Sabar nalika nyanghareupan barudak, ogé dina nyanghareupan sipat jeung adat-pangadatan kuring.
***
Geus dua poé teu bisa nungguan réstoran téh, sabab Maira, Si Bungsu gering. Sapeupeuting awakna nyebrét, panasna teu turun-turun. Ceuk dokter nu mariksana , budak téh kudu diopnameu.
Basa keur diuk dina risbang gigireun Maira suster norojol nyampeurkeun.
"Jadwal dinés bu!"
"Sabaraha kali deui Néng?"
"Sakali deui ayeuna, margi katingalna mah eungapna tos sakinten".
Budak téh ngalewé. Leungeunna diusapan. Keueung meureun, ningali pabaliutna selang anu rék ditapelkeun kana awak manéhna.Torojol aya nu asup ka rohangan, dirérét, horéng Pa Yusuf.
"Papih.....!"
Maira ngagero halon. Leungeunna ranggah ménta dipangku. Kuring ngagebeg. Maira bet nyebut papih. Ti iraha? Hayang sapok-pokeun ngahuit, nyarék Maira. Tapi biwir bet asa rapet pisan, hésé diengabkeun. Pa Yusuf nyampeurkeun. Budak téh dipangku. Selang infusna dibebener. Pok manéhna ngomong.
"Teu kedah sieun Mai, pan aya Papih. Kersa nya dilandongan, supados énggal damang!". Kituna téh bari ngusapan sirahna. Pipina diusapan deuih. Budak téh jempé. Suster masangkeun alat nébulizer. Maira siga tingtrimeun naker aya dina lahunan Pa Yusuf.
******
Sabada Maira mulang ti rumah sakit, kuring jeung barudak diajak jalan-jalan. Kaka jeung Maira anteng dina rupa-rupa kaulinan. Ku duaan dipelong ti kajauhan.
"Lia, ngahaja Akang ngajak Lia jeung barudak ka ieu tempat. Akang téh hoyong ngobrol kalayan tumaninah. Wios nya, da barudak mah nuju anteng!"
"Perkawis naon téa?" kuring tanggah, ngawanikeun manéh neuteup beungeutna, bari imut pok manéhna ngajawab.
"Urang duaan! Tangtos salira gé surti kana sikep Akang salami ieu. Akang téh aya maksad badé mikanyaah ka salira!"
Sajongjongan kuring ngaheneng. Salila ieu gé kuring téh surti. Tapi sok ngahaja disieuhkeun tina pikiran. Di sina ingkah ka tempat anu jauh, ka Sabrang ka Palémbang, ka nagara nu pangjauhna.
"Akang nyaah ka salira, kitu deui ka barudak!"
"Kang Yus, hatur nuhun! Abdi ngartos kana pamaksadan Akang. Tapi teu gampil kanggo urang duaan mah. Naon margina? Akang aya nu kagungan!" bari tungkul nyarita téh, bari ngucel-ngucel tungtung cindung. Cindung warna kulawu, ciga kulawuna rasa nu kiwari keur samagaha, dalit marengan.
"Kapan pameget mah wenang badé dua, tilu, atanapi opat ogé sanés? Asal tiasa lumaku kalayan adil. Rarasaan mah, Akang bakal mampuh. Boh ku sikep boh ku materi."
"Yaktos, kitu pisan nu kauninga ku urang sadayana. Tapi tetep kapan kedah aya widi ti geureuha salira!"
"Penting éta hal kanggo salira?" leungeunna pageuh nyekelan leungeun kuring. Paneuteupna asa nembus kana jajantung. Duh...éta soca! Aya ku liuh. Paneuteupna nu sok ningtrimkeun marojéngjana pipikiran téh. Luk deui tungkul, tungtung cindung milu pasrah basa ramo mimiti nyagap jeung ngucel-ngucel deui tungtungna.
"Kalintang pentingna. Kanggo abdi, pernikahan téh sanés wungkul nikahkeun urang duaan. Akang sareng abdi sipatna. Langkungna ti kitu, pernikahan téh kedah tiasa ngahijikeun dua kulawarga janten hiji beungkeutan, ngiatkeun ukhuwah, ngaraketkeun tur ngamumulé silaturahmi. Kantenan kanggo urang mah, sanés mung ukur dua kulawarga nu badé dihijikeun téh panginten. Tapi opat kulawarga. Kulawarga abdi, kulawarga almarhum, kulawarga Akang, sareng kulawarga Ceuceu."
"Nu penting mah kapan niat Akang, Nung! Teu saheureuyeun badé migarwa salira. Akang bakal tanggung jawab nganapakahan salira jeung barudak. Lahir-batin, dunya-ahérat!"
"Akang, abdi yakin pisan kana éta hal. Karaos pisan kanyaah Akang ka abdi ogé ka barudak salami ieu. Tapi, kanggo katingtriman urang sadayana, saéna nyuhunkeun heula widi ka Ceuceu. Pami Ceuceu ngawidian, ka abdina gé bakal ngaraos langkung tingtrim. Dokumén pernikahan ti nagara gé bakal gampil diuruskeunana deuih pami aya widi ti istri nu kahiji mah. Eta bakal janten payung hukum kanggo nangtayungan abdi, nangtayungan pernikahan urang, ogé nangtayungan barudak. Saterasna, tangtos abdi bakal sah janten istri Akang. Sah numutkeun aturan agama, sah ogé numutkeun aturan nagara. Akang ngartos kana naon anu nembé ku abdi disanggemkeun sanés?"
Manéhna rumahuh, narik napas panjang. Keur kitu barudak singtorojol nyampeurkeun.
"Pap, hoyong uih!" Maira sumolondo kana lahunanana.
"Hayu!"
Maira dipangku, tuluy manéhna nungtun leungeun kuring. Kaka mah hideng, miheulaan lumpat ngadeukeutan mobil nu diparkir teu pati jauh ti lebah dinya. Bring opatan mulang, muru ka imah. Dina mobil, barudak mah talibra, tayohna carapéeun urut lulumpatan ka ditu-ka dieu, kari kuring duaan! Anteng jeung pikiran séwang-séwangan. Anteng jeung lamunan séwang-séwangan.
Teu lila ti harita, Kang Yusuf ngajak badami pikeun ngungurus dokumén pernikahan. Aya kabungah pacampur reujeung kasedih nu ngagalura jeroeun dada. Bungahna, dina waktu anu moal lila deui, kuring moal hirup nyorangan. Aya batur geusan pakumaha dina nyanghareupan kahirupan. Ngadahup ka Kang Yusuf anu pasipatanana teu béda jeung almarhum. Sedihna, kuring dicandung! Haté teu weléh galécok, paguneman jeung diri sorangan. Naha paniatan kuring nu daék dicandung téh bener kitu? Naha bener pamajikan Kang Yusuf bakal méré idin? Naha engkéna Kang Yusuf bakal bisa lumaku kalayan adil? Naha enya ieu paniatan téh pikeun milari karidoan Gusti? Kapan cenah dicandung téh mangrupakeun sunnah Rosul, jadi marga lantaran asupna kaum Hawa ka sawarga! Duh, sabilna rasa jeung pipikiran awor jeung ratugna keteg jajantung. Dulugdugdag, keukeuh paudag-udag! Antara enya reujeung kumaha!
Dina waktu keur uras-urus susuratan téa, kuring kadatangan sémah. Ibu-ibu. Turun tina sédan Vios pulas héjo kolot. Dangdanana ménor pisan. Papakéanana sarwa hadé. Umurna anu geus teu ngora deui, henteu mantak ngurangan kana kageulisanana.
"Badé ka saha Ibu téh?" kuring mapag bari imut.
"Sareng Herlia Sriwianti?"
"Muhun!" ceuk kuring.
Song manéhna ngasongkeun leungeun.
"Endah Wijiati, istrina Yusuf Himawan!"
Gebeg haté ngagebeg. Enyaan, Kang Yusuf geus bébéja ka pamajikanana. Ayeuna datang manggihan, ayeuna aya hareupeun.
"Oh..........muhun, nepangkeun, abdi Lia. Bingah pisan tiasa tepang sareng ibu!"
"Aya picarioseun abdi téh." Teugeug pisan.
"Mangga, saé urang ngalih ka palih ditu!" ceuk kuring nuduhkeun tempat di béh jero. Kabeneran harita keur rada tiiseun. Kuring leumpang ti heula bari nanggeuy baki, eusina cai entéh dua gelas. Manéhna hideng nuturkeun.
"Lia, urang téh papada awéwé. Sapamadegan cigana. Tangtu urang bakal ngarasa bungah kacida lamun urang dipikanyaah ku hiji lalaki. Ciga Lia ayeuna. Meni sakitu gedéna geuning kanyaah Kang Yusuf ka Lia téh, nepi ka Kang Yusuf waléh méménta idin hayang ngawin Lia. Dikumahakeun nepi ka bisa kitu, diparabunan?" rada muncereng dibarung ku hégak napasna anu ngerepan. Beungeutna bareubeu beureum.
"Punten Ibu, nyarios naon téa nembé téh?"
"Lah, tong sok api-api. Lain geus loba beubeunangan tina hasil morotan Kang Yusuf téh! Naon waé? Emas, berlian, duit tabungan, mobil atawa naon deui?"
"Ibu, istigfar! Abdi henteu ciga kitu!"
"Teu kudu ngangles. Kitu kapan pagawéan randa mah. Morotan salaki batur. Mun teu diparabunan, maenya Kang Yusuf nepi ka kieu, pok deui-pok deui, méménta idin hayang baé kawin jeung Lia!"
"Ibu, ngaleueut heula. Supados tenang!" kuring neureuy ciduh. Tikoro karasa nyeri. Piceurikeun nyelek, minuhan tikoro.
"Peryogi kauninga ku Ibu. Pami tuang raka pupulih, hoyong migarwa abdi, muhun, leres pisan. Tapi, abdi nu miwarang supados anjeunna mundut heula widi ka Ibu. Muhun, rumaos abdi parantos ngiring mikanyaah tuang raka, tapi nyaah nu saéstu. Teu aya niat sakedik ogé kanggo gaduh niat awon. Nu kaémut téh mung hoyong ibadah, niat meungkeut tatali silaturahmi".
Haté mah hayang ceurik jejeritan. Asa peurih kacida disebut awéwé pamorotan téh. Kieu geuning ari nasib jadi randa. Ti peuting rungsing kumareumbing ku kasimpé haté, ti beurang ngacacang kumalayang ka alam panglamunan. Katambah-tambah bet dicacampah, disangka tukang morotan lalaki. Sing demi, hayang ceurik jejeritan!
Lila-lila, kahartieun meureun omongan kuring téh. Tuluy Bu Endah amitan. Leuleuyna sikep kuring meruhkeun amarahna. Peureus ogé kekecapanana. Boa pasipatanana nu saperti kitu nu ngabalukarkeun Kang Yusuf mindahkeun haténa ka kuring.
Isukna, pasosoré Kang Yusup aya nepungan. Béda ti sasari. Imutna ciga nu dipaksakeun. Panonna nu liuh, neuteup anteb. Pok manéhna nyarita, sorana méh teu kadengé, ngageter bangun keur nahan hiji rasa, rasa nu pinuh ku karumasaan.
"Lia, hampura Akang. Mimiti poé isuk, Akang pindah gawé ka Unit Cimalaka. Ngadadak puguh gé. Jeung deui Akang téh kakara mulang ti rumah sakit. Endah ayeuna aya di rumah sakit!"
"Ceuceu! Ku naon?"
"Ngeureut pigeulang leungeunna sorangan. Kakara dipindahkeun ti ICU ka rohangan perawatan. Sakali deui, hampura Akang. Kanyaah Akang ka Lia jeung barudak moal laas kapisah ku mangsa, nepi ka iraha baé ogé."
Aya nu ngeclak maseuhan kana tonggong leungeun. Ku tungtung cindung lalaunan cimatana disusutan.*
Karya Hena Sumarni (jabar.tribunnews.com)