-

Saturday, April 09, 2011

dongeng PLN storiii...

aya dongeng deui yeuh...
Kampung Bojong Kenyot, Desa Legok hangseur, di wewengkon Jatihandap nu karek 2 bulan asup listrik, beurang eta meuni gujrud pisan. Bejana, Kang Maman sura-seuri tuluy luluncatan teu puguh-puguh. Jigana bagja luar biasa! Kang Maman kikituan teh, kulantaran, atoh sanggeus 5 taun nungguan teu namper-namper, Teh Eti pamajikanna reuneuh. hamil gitu loh!
Teh Eti: "Akang, Eti pan terang hamil teh ngetesna nganggo alat nu digaleuh ti apotik cap oray ngabeulit geulas tea. Amih pastina, kedah marios ka puskesmas. Omat tong bebeja ka sasaha heula nya kang!? sa acan puguh katerangan ti dokter? Bisi teu jadi deui pan era geus diomong-omong ka batur!"
Kang Maman: "Puguh we darling, papah moal beja-beja ka sasaha heula ari can meunang katerangan ti dokter mah."Teu lila, aya nu keketrok di panto hareup. Teh Eti ngincig muka lawang panto. Sihoreng petugas PLN nu mere tagihan jeung denda tunggakan rekening listrik bulan kamari nu can dibayar.
Tukang Rekening PLN: "Ibu sudah telat satu bulan ya?"
Teh Eti: "Bapa terang ti saha? ... Akaaaaang ... kadieu geura! yeuh aya nu apaleun rahasia tea!"
Kang Maman: "Hag siah?...kumaha bapa tiasa uninga tos telat sasasih sagala?
Tukang Rekening PLN: "Semua tercatat di kantor kami, Pak."
Kang Maman beuki rieut : "Tercatat? Mangga ari kitu mah, enjing abdi ka kantor bapa. Urang bereskeun perkawis ieu. Omat tong wawar ka sasaha nya pa?!" 
Isukna...
Pok Kang Maman bari semu ambek :"Kumaha sih bet PLN bisa nyaho rahasia rumah tangga kuring?"
Karyawan PLN: "Ya tahu dong, lha wong ada catatannya pada kami lho pak!"
Kang Maman: "Jadi kuring kudu kumaha atuh, amih berita ieu tong nyebar jeung bisa dirahasiakeun ku PLN?"
Karyawan PLN: "Ya mesti bayar dong Pak!"
Kang Maman (anjritt urang diperes yeuh?!): "Mun teu daek mayar, kumaha?"
Karyawan PLN: "Ya punya Bapak terpaksa kami putus..."
Kang Maman: "Gusti! Diputus? Dugi ka kituna? Atuh kumaha engke pamajikan sayah, karunya Pa?
Karyawan PLN: "Kan masih bisa pakai lilin."
Kang Maman&Teh Eti(ngahuleung): "%^*%!@?#!!*&%$????"

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment