-

Friday, April 08, 2011

Jaman Ayeuna

Manusa sagala aya
Manusa sagala loba
Manusa ukur manusa
Teu nyaho saha nu apal?
Nyahona ukur ayeuna
Da puguh jaman ayeuna
Jamana sagala aya
Aya nu senang loba nu susah
Kahayang ukur hariwang
Sieun salah tina bener
Sabab, hirup jaman ayeuna
Lain jaman anu baheula
Sadaya-daya ukur rumasa,
pabaliut hirup jeung dosa
Iwalti hiji-hijina, teu aya bilangan dua
Munajat kanu Kawasa, rumasa urang manusa
Teu bisa daya upaya
Da kabeh bongan manusa
Sagala-galana ngan ukur sementara

Artikel yang Berkaitan

0 komentar:

-

Post a Comment